Selasa, 08 Desember 2009

SARENG SAHA ??

Jungjunan…

Sok hoyong terang sareng kalangkang saha anjeun ayeuna anteng neuteup girimis

Hiap panggupay numana diluuhan kusalira sasarengan nyanggapan hujan katresna

BISIKAN RINDU





SAPEDAH

“Jang naha teu ulin...? biasana sok sasapedahan apanan ieu poe minggu...”, ceuk mang suhayat ka budakna nu keur ngajentul di buruan... “puguh ruksak pak sapedahna... jaba teu gaduh acis deuih” jang hardi nembalan...


“naha lain bebeja atuh ka bapa,,, ari maneh “

“emang apa bade masihan artos ?”

“lain pan ku dewek bisa diomean meureun...”

“naha apa bisa ?”

“naha ari nyaneh... sok ngareken bapa silaing belegug... , tong boro ngomean dalah apanan silaing meunang saha siah, mana sapedahna...”

Senin, 07 Desember 2009

MUGIA

Jungjunan
Tuh gera titenan parahu nu ngangkleung...
Ibarat asih urang nu teuneung ludeung seja neang kabagjaan...
Pating karetit cahya harepan nambah nambah sumanget urang...


TAUBATAN NASHUHA*


Gusti ....... geuning umur abdi teh ngolotan, teu karaos ujug-ujug terang tos kieu we, tanaga ngirangan kalah beuki suda, buuk mah tos puguh, sanes paselang deui antara hideung jeung bodas, ayeuna mah meh rata bodas teh pacampur jeung hawuk.