Tampilkan postingan dengan label CARPON SUNDA. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label CARPON SUNDA. Tampilkan semua postingan

Kamis, 12 November 2015

MAPAG BAGEA

Nyaliksik sisi-sisi peuting, ngalelebah boa-boa papagan peteng, sugan jeung sugan salira barangtunda, sedeng bentang teu cukup nyaangan da bulan kahalangan mega malang, beh mana atuh ?

Da kiricik cainamah eces kadenge, siga jeung sugan laluncatan miheulaan kahayang, majar aya tiis sumanding marengan hegar,

Lalangse peuting ngandelan, poek mongkleng teu malire kahayang, kahayang nu geus lila disidem, satadina sugan ayeuna rek kajewang kadongkang

PUNGPURUTAN

Lebah dieu oge baheula urang paamprok bari tuluy paboro-boro muru kembang pungpurutan, direwod dialungkeun kana buuk, sawareh narapel kana baju

Pating cikikik pacampur maur na han peureus, silih elelan silih baledog ku daun sabeunangna ti sisi jalan

Sok culang cileung mun nincak pengkolan ieu, sieun anjeun ngadodoho miheulaan, taki-taki teu ieuh heureuy saestuna bener-bener najan urang keur heureuy

Tapi naha ari tadi, basa sonten urang kawenehan pendak deui saatos lawas teu silih udag nyepeng regang diulang-ulang, malih hareugeueun

Sanes pengkolan nu robih, malih kembang pungpurutan meujeuhna garing, ngan geuning urang teu gasik muru kembangna
Kalah anteng neuteup soca

Tuur siga alim incah lumpat,
Salira tungkul
Aya sora dareuda nalika salira naros, benten pisan sareng gerewek kapungkur
Teu karaos urang papada ngembeng cisoca, ngarencangan panangan patarema sasalaman, nganteur kecap 'kumaha damang ?', ragem sareng

Pungpurutan teu sieuneun ningal urang patepang, bari aya paraosan nu ngan ukur dugi kana 'geuning'
Geuning pengkolan jeung pungpurutan teh, kungsi jadi tempat nu nyidem rasa urang

Salira istri nu nganti, sedeng kuring teu manjing surti
Ayeuna bukti..
Peureus..., pageuh dina ati

DI SAGÈDÈNGEUN ANJEUN

Wengi ieu kuring jeung manéhna sarua papada ngeheneng
Haté galecok saru jeung geter hayang nangkeup kageugeut
Diémprakan rasa karémpan, rémpan jadi mamala

Bancét simpé sorana teu kadéngé kalindih ku sora béntang rek murag
Ka oyag kalakay muguran, ngeundeurkeun jagat parat ka mega nineung
Hate rut rét, sedeng panon anger peureum nalikung siku teu werat mageuhan rangkulan

ENDAH MICINTA

Jalan pinuh mobil jeung motor silih sedek, sora klakson raeng ..., mobil beureum ati diantara mobil nu keur ngahunted.., nu nyupirna lalaki, tenang bari teu ieuh siga supir sejen katingali stress...


Di jero mobil beureum.., di jok kenca.., aya macbook silver.., hape blackberry jeung amplop bodas..., di dashboard aya poto awewe geulis keur ngalahun budak awewe.., handapeuna aya holder hape warna bodas... jeung hapena, lagu opick “taubat” ngagalindeng hawar-hawar


Kriiing....kriiiing... hape bodas disada, nu nyupir nempo, tulisan “my love” mucunghul, bari imut manehna mencet tombol dina stir.., sora lagu opick kalindih...

MULUNG LIMUS

Girimis kapeutingnakeun dianteur angin nyeor nebak daun, mawa hawa tiris nyelesep ka tulang sandi. Pangeusi lembur dibabade pakandel kandel simut pating purungkut, tapi henteu ka hiji indung nu keur mepende budakna, teu daek sare si asep teh bakat hayang limus, kabita cenah basa beurang di sakola babaturanna marekel limus.

"Geura bobo bageur..., asep enjing mekel limus sepertos nu sanes, sok geura bobo...,"
"Limus tipung nya mih..."

"Muhun,,,, amis geura, raos...!"
"Timana mih ?"

Selasa, 13 Oktober 2015

LALAJO KUDA RENGGONG

Hiji waktu aya hajatan ngariakeun budak mang Idung, incu pa Olot, jelema jegud lega sawah lega tanah malah sapinage teu ka itung puguh dikencarkeun tara dikandangan. Kawantu nu dikariakeun teh incu kahiji ti budakna nu nunggal, atuh tohaga hajat teh, sagala ditanggap, teu tingaleun kuda renggong.