Kamis, 12 November 2015
DI SAGÈDÈNGEUN ANJEUN
Wengi ieu kuring jeung manéhna sarua papada ngeheneng
Haté galecok saru jeung geter hayang nangkeup kageugeut
Diémprakan rasa karémpan, rémpan jadi mamala
Bancét simpé sorana teu kadéngé kalindih ku sora béntang rek murag
Ka oyag kalakay muguran, ngeundeurkeun jagat parat ka mega nineung
Hate rut rét, sedeng panon anger peureum nalikung siku teu werat mageuhan rangkulan

Label:
CARPON SUNDA,
CATETAN,
puisi,
puisi cinta,
SAJAK
ENDAH MICINTA
Jalan
pinuh mobil jeung motor silih sedek, sora klakson raeng ..., mobil
beureum ati diantara mobil nu keur ngahunted.., nu nyupirna lalaki,
tenang bari teu ieuh siga supir sejen katingali stress...
Di jero mobil beureum.., di jok kenca.., aya macbook silver.., hape blackberry jeung amplop bodas..., di dashboard aya poto awewe geulis keur ngalahun budak awewe.., handapeuna aya holder hape warna bodas... jeung hapena, lagu opick “taubat” ngagalindeng hawar-hawar
Kriiing....kriiiing... hape bodas disada, nu nyupir nempo, tulisan “my love” mucunghul, bari imut manehna mencet tombol dina stir.., sora lagu opick kalindih...

CARPON,
CARPON SUNDA,
CATETAN,
puisi,
puisi cinta,
SAJAK
MULUNG LIMUS
Girimis
kapeutingnakeun dianteur angin nyeor nebak daun, mawa hawa tiris
nyelesep ka tulang sandi. Pangeusi lembur dibabade pakandel kandel simut
pating purungkut, tapi henteu ka hiji indung nu keur mepende budakna,
teu daek sare si asep teh bakat hayang limus, kabita cenah basa beurang
di sakola babaturanna marekel limus.
"Geura bobo bageur..., asep enjing mekel limus sepertos nu sanes, sok geura bobo...,"
"Limus tipung nya mih..."
"Muhun,,,, amis geura, raos...!"
"Timana mih ?"

Langganan:
Postingan (Atom)