Sabtu, 17 Oktober 2009

***KEREK***

Teu pira rarasaan mah padah oge ngaggugu katunduh nu teu puguh-puguh, nya kuring ngagoledag...


Edas batan sare kalahka sumoreang, euh sagala kapikiran sagala nyimpang dina ingetan... Ari tadi tunduh ari ayeuna naha ieu uteuk ngadadak pinuh ku saga rupa, aya gambar cing sariet siga pesawat udara leupas tina gedogan... Aya rewuan kekecapan lir hujan pateran... Wah sagala aya we, kapikiran naha sare teh kudu nunda sirah kitu ??? Ari ras inget atuh kumaha peureumna jeung utamana mah lebar ku biwir, da mun sare teh sok kerek apanan.. Pamajikan sok pirajeunaneun kurajina ngarekam majar teh lumayan keur nada panggil hape cenah batan meuli pan cinta produk sorangan, komo ieu hasil salaki, majar teh...

MASIH SONO


Nyerelek waktu teh geuning ari dirasakeun ku dasar kabetahmah, siga ayeuna kuring ngarasa waktu asa tereh pisan, padahal masih sono, masih loba nu hayang dibudalkeun, ditepikeun jeung pangharepan nu asa hayang nepi ka Anjeuna

Sabulan campleng kuring reureujeungan, nu leuwih cop mah meureun disebut manehna nu marengan, lain kuring nu marengan..., asa hayang silih teuleuman, asa hayang keneh kuring ngarasakeun lemesna usap manehna... tiis tingtrimna masih karasa basa maturan cungelik nepi ka janari...halimpu sorana nalika ngahudangkeun wanci samemeh subuh...