Senin, 07 Desember 2009

ANJING JEUNG GOBLOG


Sakirana mun aya nu nyarita “maneh siga ucing” atawa “maneh siga belut” sigana moal ambek teuing malahmah bisa wae kalahka nembalan “hebatnya.., urang tea nyawana salapan” atawa “hebatnya urang tea leueur”. Tapi hal eta bakal beda mun seug aya nu nyarita “maneh siga anjing”, paling henteu molotot mah sigana hadir leuwih tiheula atawa kasinggung...malah langsung jekok nonjok boa. Naha naon atuh nya salah si-ANJING teh, nepi ka matak ambek atawa kasinggung jeung sok dipake nyarekan nu geus kaliwat ambek. Naha padah kaasup sato najis kitu ?



Lain di urang lain oge diwewengkon kulon lemburna mang obama, kecap anjing lain dipake keur kecap nyarekan, malahmah nunjukeun hal positip, contona “dog-fight” ieu kecap keur nunjukeun atawa istilah nu dipake keur ‘duel’ pesawat tempur, atawa “dog*style” istilah keur salah sahiji pamajikan ngabakti ka salaki atawa salaki keur ngabalanjaan kabutuhan pamajikanna. Malah dina dahareun ge jadi alus sanajan kecap dahareun eta pituin meunang urang sunda nu tadina reuwas sabab panas (ANJING PANAS) jadi “hot dog”.

Ku kamajuan jeung motekarna jaman, kecap ANJING ngalaman parobahan arti jeung makna khususna dikalangan nu engkena nyebut gaul atwa pangki, contona kalangan barudak di Bandung jeung sabudeureuna

Di dieu mah kecap ANJING jeung GOBLOG teh geus mangrupa kecap nu teu siga jeung teu matak molotot, lamun anu ngecapkeunna teu dibarengan ku molotot atawa meureupan, di warung di riungan kalangan ieu mah ANJING jeung GOBLOG teh ngan ukur keur negeskeun kalimah. Dimana ANJING artina ngan jadi koma (pamisah kecap/kalimah) atuh GOBLOG artina TITIK. Ieu numutkeun ESYBD (Ejaan Sunda Yang Belum Disempurnakan), jadi teu kudu ambek atawa kasinggung mun ngacu kana ESYBD ieu mah.

Gera titenan contona “Tadi urang dahar ANJING ayeuna rek udud GOBLOG” ie artina “Tadi urang dahar, ayeuna rek udud.”

Tapi keur anu TOEFL ESYBD handap keneh hamo bisa ngarti kalimah kieu sigana : “ANJING AING TADI DIGEGEL ANJING GOBLOG TEH DASAR ANJING GOBLOG PIKAANJINGEUN” ieu mah kudu suhu nu bisa ngartina tapi lain suhu anjing tangtuna

Serepan pangaruh boh ti luar atawa beda wewengkon mawa pangaruh kana kecap ANJING anu antukna katingali atawa ka denge rada lemes, jadi anritt... anjasss.. atawa anjroy. Malah di sababaraha wewengkon nu kaasup kana wewengkon BELING eta kecap anjing di lemeskeun ku nambahan kecap punten, jadina “PUNTEN ANJING” nya kitu jawabna kudu make nu lemes oge ku kalimah “MANGGA GOBLOG DA MOAL DIKADEK”

Sawatara waktu ka tukang mah kecap ANJING jeung GOBLOG teh mangrupa identitas pangki, mun teu ngaburulu kecap ANJING jeung GOBLOG dina obrolan eta siga budak ayeuna mun teu buukna siga budak angon, teu disisiran rancung kaluhur, pan baheulamah eta teh gaya budak angon sabab urut ngamandian munding teu nyisiran atuh rancung jaba kapoe jadi warna na peang koneng.

Kitu deui kecap ANJING jeung GOBLOG teh bisa nunjukeun lobana nulalajo maen bal atawa henteu, tah dina hal ieu mah tingal nambahan kecap JEK jeung WASIT, jadina “JEK ANJING” atawa “WASIT GOBLOG”, bisa patukeur tukeur.

Tah sakitu heula ANJING engke mun aya waktu deui urang teruskeun GOBLOG
(hartina : sakitu heula, engke mun aya waktu deui urang teruskeun.)



Diropea tina tulisan kang Iman

Tidak ada komentar:

Posting Komentar