Gera tingali nyai itu cai nu herang ngagenyas
Gugurilapan ka sorot cahya srangenge...
Angin tiis marengan keclakna ibun nu nyecep
Beueus taneuh isuk isuk siga muntangan
Tapi akang kudu miang...
Makayakeun kahirupan keu urang...
Akang bakal mulang jungjunan...
Mawa kaheman miceun kamelang...
Teuteup salira teu weleh ngalangkangan...
Usap geugeut salira weleh karasa..
Keun geulis sanajan raga paanggang..
Hatemah geuning weleh silih anjangan..
Cinta urang anu nganteng...
Mantengkeun kosono, mentangkeun kadeudeuh..
Akang nitip cinta jeung kahormatan urang...
Didinya engke urang pogot sosonoan..
Jungjunan...
Antosan akang mulang...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar