Aya rasa nungalékétéy dina hate kuring mangsa kudu ngedalkeun.. kécap pamitan ka manehna, dapuguh geuning patepung lawung paamprok jonghok teh kauger ku waktu, malum jelema kuli. Teu karasa leungeun kuring nyékélan leungeun manehna nu numpang dina lahunan. Aya rasa tiis tina dampal leungeunna dibarengan rada beueus ku kesang.
Hate teu merean rek ngédalkeun pamitan, manehna ngalieuk bari neuteup anteub, ku teuteup kanyaah nukarasa bangun nembus jajantung. Sanajan kapaksa kuring imut... manehna ngabales ku imut geugeut.. kuring surti manehna oge embung ditinggalkeun... panyékél kuring narikan kana leungeunna pon kitu deui manehna nambahan pageuh nyékélna...
Hate teu merean rek ngédalkeun pamitan, manehna ngalieuk bari neuteup anteub, ku teuteup kanyaah nukarasa bangun nembus jajantung. Sanajan kapaksa kuring imut... manehna ngabales ku imut geugeut.. kuring surti manehna oge embung ditinggalkeun... panyékél kuring narikan kana leungeunna pon kitu deui manehna nambahan pageuh nyékélna...
"mangga akang abdi ngajurung salira... ulah bade ewéd ku abdi..., abdi.. bakal ngajagi budak urang.., bumi urang oge kahormatan salira saréng kulawarga urang... akang tong ringrang.. abdi bakal ngajagi kapercantenan salira..." ceuk manehna bari muntangkeun leungeunna sabeulah kana punduk..., aya rasa kagagas neuteup manehna da sidik manehna oge beurat rek ditingalkeun teh... sanajan kuring geus biasa ninggalkeun, tapi tiap rek indit sok sarua asa jauh panineungan ninggalkeun pamajikan nu dipikacinta
"geulis pupujaning ati... nuhun akang seja miang makayakeun kulawarga urang, malah mandar bisa nyugémakeun mungguh harta banda, sanajan urang can kasebut sagala aya... tapi geuning akang teh beunghar ngabogaan salira... barudak.., oge paniatan..." ceuk kuring bari nangkeup manehna.. gétér hate masing-masing nu ngagalura dina dada estu karasa.. ngaguruh siga arek budal kana kécap "ulah ninggalkeun....", tapi sawatara waktu euweuh nu kédal sakecap-kecap acan..., karasa manehna ngulisik bari tanggah... neuteup deui... imut deui... ogo deui... bari mageuhan panyékélna...
"akang abdi séja nganti salira diamparan kanyaah.. dipagéran kacinta.. dipapaes trésna jeung kasono abdi kasalira.. mangga akang gera lengkahkeun sampean akang mugia salawasna aya dina panangtayungan Illahi..." pok deui manehna sanggeus beunta basa kuring nyium tarangna...
"jungjunan... akang ngabogaan sumanget tina imut salira... akang meunang tanaga tina kasatiaan salira... akang jadi leber wawanen tina iyuhna hate salira jungjunan... akang seja pamit..."
puguh geuning endah ngabogaan pamajikan sanajan teu sampurna mungguh sampurna-na manusa mah.. da memang teu dijieun sampurna mungguh jalma... sampurna soteh mungguh Gusti, nuhun Gusti... geuning ku cinta nu leber ku kanyaah nu ceuyah kuring jeung manehna bisa ngagunakeun sabar..., jeung wijaksana keur nutup kakurangan masing-masing..
sorana nu halimpu nambah sono... kekecapan nu teu garihal nambah kanyaah... teuteupna bisa dipake ngiuhan tina panas jeung hareudangna kahirupan... bener geuning satéménna salah sahiji kaendahan dunya teh aya dina awewe nu shalehah...
manehna satia lain alatan kuring.. manehna satuhu lain padah niru-niru.. estuning manehna sumerah keur Mantena, da cénah.. "akang abdi micinta salira saleresna sanes micinta anjeun, namung abdi ngusahakeun micinta Gusti ngalangkungan salira...". Subhanallah... endah geuning hate salira teh jungjunan...
"atuh akang kedah kumaha jungjunan batan sakieu... teu harta teu harti jauh tina bisa nyugemakeun salira... " ceuk kuring basa ngadenge manehna ngomong kitu... "akang teu sawios... saena akang, oge awonna akang.. kanggo abdi mangrupi ujian..., salira teu satia salira teu ngabakti ka kulawargi salérésna abdi teu pisan-pisan aya rugél.. margi abdi teu miharép kasaean salira ka abdi, aya eta ge pangharépan nu sok di dugikeun dina doa-doa abdi mugia akang tiasa sae mungguh Anjeuna ngalangkungan abdi saréng kulawargi.."
"hatur nuhun geulis... mugia akang tiasa janten caroge nudipaharep ku ugeran mungguh aturan..." ceuk kuring... bari ngabales gupay manehna dina panto..., kuring indit mawa niat jeung sumanget nu dibikeun ku kanyaah jeung kacinta manehna...
antosan geulis... akang engke datang mawa cinta mung keur salira, mugia Gusti nangtayungan salira...
salam
numikacinta salira
Ck .. ck ... manteeeeeeeepp ...!!
BalasHapusnaonna neng irma nu mateeeepp teh ?
BalasHapusBahasa sareng eusina ... mantep euy! hihiii ... :)
BalasHapuskutan ?
BalasHapus#rada meungpeun da isin ku bu guru#
Sararae... sadayana... janten hoyong nurutan.. tapi nyungkeun ditungtun nyaa... apanan tos kenal ari dikieuna mah...
BalasHapusJanten kabita..*hor, naon cenah ?
BalasHapus