Sabtu, 05 September 2009

IRAHA...?


Antawirya Hadi :

Salempay tilam katresna
pameungkeut hate
pangiket rasa ti anjeun
lima taun katukang.
Dilipet rapih na diri,
pamungkus rasa nu masih keneh nyantel,
kakurung ku laku
ngabatu na dadasar hate



Komarudin Dahlan
ngiringan ah #iraha ?#

karembong kabogoh nyampay pageuh
samping panggeuing asih teu weleh mindingan
kabaya rasa tisalira salawasna aya.....
mapaes diri... teu matak marojengja
sanajan mangsa geus lana mamawa...
mapaes taman hate ku endahna cinta akang ka salira

handeuleum teu cangkeul diteundeunan...
kalakay teu mungpang dipihapean...
regang teu rek peunggas dipuntangan...
cenah rek mirojong katresna ieu ka salira..

lima taun mangsa teu lila...
endahna imut salira... bersihna pameunteu salira...
maturan sucina jangji akang ka salira..
lengkah akang tambah gandang...
mawa niat ngabudalkeun rasa..
dina simpay kanyaah nu nyata kasalira

iraha ?

15 Agustus jam 10:09 ·

(dicutat tina komen catetan kang antawirya hadi)
http://www.facebook.com/note.php?note_id=153959925259&ref=mf#/note.php?note_id=122685306783

Tidak ada komentar:

Posting Komentar