Jumat, 07 Agustus 2009

SURAT KEUR MANEHNA


Asalamu’alikum
Kanggo Jungjunan Akang nudipikacinta

Serat salira parantos katampi... hatur nuhun salira nyeratan akang di pangumbaraan, kaleresan nembe wengi tadi akang maca, da ngahaja meh rineh maosna....


Akang Alhamdulillah aya ginanjar kawilujengan, kumaha sawangsulna salira ? mugia dina waktos maos serat ieu sareng saterasna salira aya dina panangtayungan Gusti.

Geulis... teu kedah nyarios kitu..., apanan harta tiasa diteangan, pangarti tiasa di pilari, watek nu teu tiasa dikukumaha da eta pamasihan Anjeuna, ku kituna salira teu kedah hangham margi akang tos milih salira kanggo rencang marengan lengkah urang duaan.


Muhun ku kitunamah urang anggang namung ulah janten urang sumoreang da geuning ari manahmah urang teh tetep nganteng.

Jungjunan... nuhun salira tos wakca bakal satia ka akang, namung satemena salira satia kadiri anjeun nyalira, nyaeta salira satia teu hoyong ingkar tina papagon salaku calon istri....mmmmhhhhh...,

Akang bakal sumanget gesan ngaronjatkeun duniawi manawi aya widi ti Gusti, malah mandar tisa cekap kanggo ibadah urang... sareng urang ke tos paketrok iteuk, tiasa ngasuh kumbuhna incu-incu urang... sareng tos teu diripuhkeun deui kududunya.. urang jongjon saling micinta kasorenakeun ditengah kulawarga anu ageung tur anut....

Jungjunan akang... naha atuh akang teh da hayang nyugemakeun salira, nyugemakeun kulawarga salira, nyugemakeun urang duaan, sugan kapayuna urang tiasa teu patos lami pami paanggang

Jungjunan..... hate akang pinuh pisan ku salira... taya lolongkrang, mun seug urang geus paduduaan, akang hayang salira salawasna nyarengan... , akang boga sumanget, akang boga kawani.... salira masihan pangenyed ka akang bisi salah jalan...

Kagagahan akang layu luntur dina lahunan salira, dada salira tempat akang nyuuh tina rumahuh... moal... moal neangan nu lain, dada akang tempat salira nyarande, bari dipepende ku kadeudeuh

Jungjunan akang... akang nepi ka kieu geuning ku salira, padahal akang can kantos siga kieu sateuacana, tapi ayeuna ieu rasa asa pang bagjana didunya ieu, akang teu petot-petot neuteup anteb soca salira, rasana akang hayang ngadeukeutkeun oge soca akang... ameh Jungjunan sidik yen dina soca akang mung aya salira...

akang hayang nangkeup salira... supados salira ngaraoskeun kumaha pinuhna hate akang ku salira....

Jungjunan akang.... mmmmmhhhhh... kalimah-kalimah nu aya dina pikiran akang geus teu bisa deui ngawakilan rasa nu ku akang di rasakeun, teu cekap ngawadahan rosana tresna akang ayeuna,

Kitu oge akang teu menta salira sangkan satia, satuhu ka akang, tapi akang rek sami siga salira micinta tur satia ka salira

Geulis...pupujaning ati, teu karasa geuning ieu wanci geus janari leutik... asa betah geuning akang ngarasakeun salira aya dina dada, nepi wanci teu dipalire...., akang miharep ayeuna salira nuju tibra bobo... teu ngimpen, akang miharep enjing siang sareng saterasna salira mendak kaendahaan nu sanes ngimpen,

Tos heula jungjunan... akang nyerat ieu, salam baktos kanggo kulawarga oge
Wassalamualaikum


Akang
NUMIKACINTA SALIRA

2 komentar:

  1. mudahan-mudahan junjunan salira bagja ngadanguken n ninggal serat ieu,,, mudah2an akang leres ayeuna mah sareng mendakan anu namina bagja sanes dina impenan....ulah di nyeunyeuri deui...siga ka abdi... haturnuhun tos maparin cinta sareng kanyaah akang ka abdi salama 6 taun ieu....

    BalasHapus
  2. aduh akang geuning serat salira disimpen oge didieu, abdi meni isin ihhhh.... tapi atoh oge hehehehe... mugia atuhnya, urang sing tiasa mayunan kahirupan kapayuna, wios nu kapungkurmah urang jantenkeun eunteung...., abdi ngantos salira
    enggal atuhhh iiihhhh....

    BalasHapus