Kamis, 13 Agustus 2009

PANGLAYUNGAN

salira teh anggang mun disawang...
naha atuh akang nganaha-naha...
apanan salira aya...


jungjunan gera itu layung...
aya harepan nu ngagupay...
aya koneng sariak cahyana...
aya endah nu ngagupayan...




panglayungan...
sasat beurang geus rek kasilih...
naha atuh ieu manah bet caah..
gulidagna karasa mawa katresna..
soca akang weleh ka kait ku imut salira...

geter rasa nu tohaga mikasono salira..
wanci sore siga teu dipalire..
panglayungan...
sariak layung nu endah lir ngajak manjangan kanyaah...

kiceup kadeudeuh teu reureuh-reureuh
ngajak nyarande dina hate nu simpe..
panglayungan...
sumirat cahyana lir ngajak nedunan..

nya didieu pisan di panglayungan...
aya caah nu mawa sagala rasa..
galura tresna urang duaan nambah gulidagna paniatan...
mugia tinekanan jungjunan...

panglayungan...
caah bakal datang ka sagara rasa...
mugia gulidagna teu mawa angkara...
beueus cisoca nambah kabagja mitresna salira..

panglayungan...
aya duriat nu manjangan...
ligar mangkak di panglayungan..
sanajan geus kasorenakeun tetep endah ngalangkangan...

panglayungan...
ulah incah balilalahan..
akang seja datang mawa pirang-pirang paniatan..
mugia Gusti nangtayungan..

panglayungan...

3 komentar:

  1. a.... mana deui ateuh... caritana...????

    BalasHapus
  2. Leuuhhhhhhhh .... bagja temen saupamina simkuring janten si 'enung' nu dimaksad ..

    BalasHapus
  3. carios naon atuh hehehe

    neng irma haturnuhun kersa rurumpaheun ka bumi butut....
    eta enung mung ukur lamunan neng (meungpeun)

    BalasHapus