cimata simpe
nempo anjeun malati paranti jangji
sawangan nangtung na layung Bandung
kembang kaduhung ngadaun sembung
neundeun ibun,mawa kanyaah .......... ceuyah
cimata simpe,mepende hate
sawangan lanjung ngalanglayung
neundeun tresna na hanjuang siang
keur anjeun malati paranti jangji
kiwari,wanci peuray miraray
kalangkang anjeun na kongkolak
mangkak ligar lir malati paranti jangji
sore mepende
sugan malati bakal ngahiji
jangji nu tigin... dina malati....... surti
Tidak ada komentar:
Posting Komentar