Minggu, 28 Juni 2009

NGARAN-NGARAN SAMBELEUN NUMUTKEUN ABJAD

Geuning loba pisan sabenerna bahan keur nyambel teh.... sugan teh ngan ukur CENGEK, padahal geuning loba, tah hayu urang tata numutkeun abjad. CENGEK enggeus nya......, nubakal ditataan nu pokona maksud teh mun euweuh eta moal disebut sambel


A = Aya Cengek

B = Buah Cengek

C = Ceuk uing Cengek pan enggeus

D = Da Cengek apanan nu pokokmah


E = Edas Cengek deui wae

F = Fitnah mun sambel teu make Cengek

G = Geus dibejaan Cengek

H = Har apanan Cengek

I = Ih atuh pasti Cengek

J = Jol Cengek deui

K = Kehed dibejaan Cengek

L = Lain titadi Cengek

M = Montong protes apan Cengek

N = Naha Cengek

O = Oh apanan Cengek

P = Pan Cengek tea

Q = "alah naon...????" Qitu-qitu wae Cengek

R = Rasakeun tah Cengek

S = Sabodo teuing nupenting Cengek

T = Teu percaya, Cengek...Cengek

U = Ulah ambek pada Cengek wae

V = Viraku nyambel euweuh Cengek

W = Wah hayo wae Cengek

X = Xira-xira naon nu bisa ngaganti Cengek

Y = Yaaaaaaaa.... Cengek deui

Z = Zaaaaaadooooollllll...... zeuk aink Zengek.... zengek.... zzzziiiiaaaaaahhhhhh....




(Tukang Giribig)
Nuhun teh roro nu nga inspirasi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar