Lain euy maneh geus nyaho acan ?.... big.., big... maneh geus nyaho acan ?
“arimaneh nanya ka saha ?”
Ka maneh..!!
“kamaneh ka saha euy..!!”
Enya ka maneh, ka tukang giribig....!!
“harrrr...... apan uing mah nu nulis na euy..!”
Heueuh...ngan maneh geus nyahao acan ?, yen kamari para ahli diwidang masing-masing ngumpul ngariung, kabehna propesor wungkul dina kaahlian masing-masing..., maranehna bagempungan ngenaan hasil riset sewang2an... cenahmah memeh di publikasikeun di jurnal ilmiah sadunya.
“arimaneh nanya ka saha ?”
Ka maneh..!!
“kamaneh ka saha euy..!!”
Enya ka maneh, ka tukang giribig....!!
“harrrr...... apan uing mah nu nulis na euy..!”
Heueuh...ngan maneh geus nyahao acan ?, yen kamari para ahli diwidang masing-masing ngumpul ngariung, kabehna propesor wungkul dina kaahlian masing-masing..., maranehna bagempungan ngenaan hasil riset sewang2an... cenahmah memeh di publikasikeun di jurnal ilmiah sadunya.
Diantara nu bagempung... aya nu sok ngobrol jeung maneh, mmmhhh.... coba ilaing baheula sakola nu junun sigana bakal jadi propesor siga maranehna euy......, atuda manehmah dititah sakola kalahka deer... ngala jangkrik...
Tah propesor nu ku kuring kaciri aya ; PROF. DEDDI KOESNAEDI, PROF. BENNY M SYABAN, PROF. DUDUNG ZAHRA, PROF. DICKY HENDRAYANA, PROF. TANNAKA ICHI, PROF. HILDA WATI ISKANDAR
Tah PROPESOR DEDDI manehna ahli dina rekayasa genetik, bisa nyieun campuran antara lauk jeung jelema, pon kitu deui antar suku malahmah antar nagara oge, jadi singketna teu kudu kawin lamun urang hayang boga turunan hasil asimilasi...pokona rea pisan nugeus diriset keun jeung hasil tah kumanehna teh...
Dinu hal ieu manehna jago pisan dina soal resus....kromosom.. leuwih dituna dEeNA
Ayeuna manehna keur ngayakeun riset rek nyieun hiji mahluk paduan tina TIKUKUR jeung AJAG... heueuh ajag teh anjing leuweung tea..
“naha ?”
Cicing atuh.. tong loba nanya ! nulismah pek we cing jongjon....
Manehna ngabayangkeun kumaha eta alusna.... sato, sukuna opat.... tarik lumpatna...., seukeut ambuna...., bari bisa hiber tur euntep dimana wae..., moal hese maraban... bisa segon..., lauk..., sangu.... daging atah komo asak, malahan beukieun kana comro.... ongol2... lotek.... jeung sajabana.... alus dipake ngajaga imah... jeung tegep mun dipake hiasan
Ngan ceuk manehna eta riset saeutik deui... rek hasil....
Da geus bisa nagog tah sato hasil risetnateh malahan nagogna ge bisa bari nyaliksik jangjang...., tingal sorana wungkul...cenah euy.... mun disada kurang keneh payus..., mun sato eta disada TIKUUKUUUUUR.... GOG.., TIKUUKUUUUUR.... GOG.., TIKUUKUUUUUR.... GOG..,
PROPESOR BENNY..manehna ahli aI Ti...., ahli komputer... riset manehna rek ngahijikeun parabot dapur dina sekala anu leutik ukuran nanno, sarta masing2 geus ngabogaan kaampuhan dina akses data boh diinternal pon kitu ka luar, gancangna mawa data geus saluhureun eMBePeeS... wah komo dail ap mah lewat... adeesel atawa waipi komo...., dina komputer teh moal aya maderbot, moal aya prosesor kor tuduo atawa dualkortuduo... tapi kabehna geus ngalikur...
Dijero komputer nu aya teh kayaning...aseupan...seeng... hawu....jubleg.... para seuneu.... parako...sinduk...coet... mutu... jeung sajabana dina ukuran anu leutik kacida, tah para seuneu keur nunda data nu biasana bekbon na di amerika di pindah ameh gancang jadi babari make proksi...
Eta riset saeutik deui CAN BISA NGALEUTIKEUN SULUH sabab pariabel suluh loba pisan, jadina masih rugak ...dukdek...masih dukdek....jadi dijero komputer masih nois-na gede da bongbrang jaba ting gareduk.... komo mun manggih regang.... cenah
PROPESOR DUDUNG ZAHRA, manehna ahli dina sipil.. ahli nyieun gedong sigrong jeung nu jarangkung..., manehna ka ideuan ku suung.... babari jadi, asal taneuh na liduh pasti jadi jaba gancang kapake
Jadi engkena tina hasil riset bakal dihasilkeun bibinihan.... nu di jual kayaning... binih apartemen, binih hotel..., ruko....., sasak...., mall...., malah binih jalan oge
Jadi teu kudu hese2 mawa becingplen.... molen.... komo make mawa pabrik marmer sagala ka proyekteh....., tapi cukup.... taneh pihoteleun atawan pi gedongen... di pacul bere gemuk,... baseuhan... ceb we binih naon nu dimaksud,
Jadi moal aya uji getar lateral atawa pertikal....., moal make mikiran beton pratekan....., cakar ayam..., cakar maung...., ucing...., heulang .... jeung sajabana
Komo dina jalan mah bakal babari pisan sabab moal mikiran.... gedena R di pengkolan...., moal ngukur sabaraha mobil nudirencanakeun liwat tiap jamna... pengkolan moal hese ngitung beban sentripugal atawan sentripetal sagala.... nupenting tuturusna alus... tancebkeun timana kamana... engke eta binih jalan bakal ngarambat sorangan....
Ngan nyakitu saeutik deui cenah.... sakabaeh binih ayeuna pernah dicoba dijieun kota mandiri... ana ceb teh binih...gedong....,jalan....., ruko....., mall....., imah.... dipelak ari breng teh can mekar jadi SIGA SUUNG CAN BEUKAH, luhurna buleud siga “panakol bedug”... atuh ayeuna eta kota teh rentul kunu baruleud nungajadikeun awewe meungpen bari meletet
PROPESOR DICKY HENDRAYANA-mah lain deui euy... manehna ahli dina CePeO, nyaeta krud palem oil... bahan piminyakeun, kosmetik jeung sajaban nu asalna tina kalapa, manehna kaideun ku paribasa sunda ‘nggoreng daging ku gajihna’...
“jadi di cangko kitu ?”
Lain atuh... cangkomah lamun tangkal nu akar tunggang.... nu aya kambiuman... pan kalapamah tangkal serabut euy...
Jadi manehna keur riset ngahijikeun antara kalapa sawit jeung sapi, jadi lamun engke ngala kalapa .....
“manggaran euy ?”
Lain atuh ari sawitmah ngarana TeBeEs... tah mun ngala eta bisa sakalian meunang dagingna tilu atawa opat gagantingmah... pon kitu deui sabalikna.... lamun jadi sapi... modolna kalapa sawit, sadi sakaligus beubeunangan dua hal...
Sarua ieu oge masih saeutik deui.... jadi eta riset ngahasilkeun tangkal sawit anu sukuan opat...., saban rek di panen sok lulumpatan.... atuh riweuh euy... lumpat ka lembur, eta kenteng ka rorod.... popoean nyangsang....jaba dina kabeneran didodoho pas diajul ku egrek.... eta kalapa sawit rajeun nejeh bari ngiihan.... sautik deui cenah KEUR DITALITI SAWIT LINDEUK TANPA TEJEH TANPA KIIH
PROPESOR TANAKA ICHI mah ahli seni...., jadi manehna keur naliti hiji alat musik anu bisa ngawirahma di luhur oktap tujuh.... bari tetep tumaninah teu tibebergeg, mampu ngalagena dina wirahma pentatonis, diatonis....pelog...., salendro....., jeung ngawaragadan kabeh aliran... rok...., pang..., blus..., pop... malah tepak tilu...., pareredan....., golempang...., ari jaipongan mah puguh deui
Heueuh tah kitu da kabeh ge tingal saeutik deui.... alatnamah geus jadi sorana alus antara bas, terbel jeung lainna teu menta epek komo mikser euy... malahan eta sora teh bisa aya lekohan sagala gumantung kanu maenkeunna.... contona lekoh garut...., sumedang...., cianjur...., banten...., serang.... subang pasisir.... pokona alus, ngan sorana karek hiji cenah euy... mun disadakeun... karek bisa TOROTOT HEOOOOONGGGG....GOG...GOG...CUNGUNGUUUUUNG....., TOROTOT HEOOOOONGGGG....GOG...GOG...CUNGUNGUUUUUNG..... TOROTOT HEOOOOONGGGG....GOG...GOG...CUNGUNGUUUUUNG.....
Tah kitu cenah euy... nukamari ku kuring kadenge teh,,,,,, tapi omat sakali deui ieu rusiah, ulah rek betus kasasaha komo pulisi nya....
“ari eta Prop Hilda...?”
Oh ennya nya hiji deui...., tah ari PROPESOR HILDA mah awewe euy... manehna ahli di widang kasehatan... jeung motipator...
“naon cenah nu rek ditalitina....”
Lain arek euy tapi enggeus... nyaeta masalah kepercayaan diri...., jeung peus impreson... sabab ceuk manehna, salahsahiji ciri waci jelema lian bisa ditandaan ku hitutna...., cara nyekel bantal lamun hees.... , oge ku cara leumpang na....
Ku alatan eta manehna naliti.... kolecer supaya bisa ngawangun iner biuti cenah....
Jadi sing saha jelema nu tos ngadahar eta ramuan kolecer.... bakal alus dina leumpangna... nuantukna bisa ngabangun imej jeung kapercayaan ti batur....,
Eta jelema.... mun leumpang.... bakal gutak gitek.... bari tiap dua atawa tilu lengkah... ngajol atawa ngangkog bari ngaburulu...., alus tur payus pisan....., gutak gitek,,,,,ngajol...., tak gutakgitek...ngajol...., tak gutak gitek ngangkog.... kitu saterusna.....
Manehnage saeutik deui cenah.... masih aya efek samping....., ETA KOLECER MATAK NYERI BEUTEUNG JEUNG PEUJIT JADI PABEULIT
Tah kitu euy tapi uing rek sakali deui papagon ka ilaing big... ieu rusiah gede... sabab lamun maranehna hasil bakal ngegeunjleungkeun dunya elmu pangaweruh.... kade ieu RUSIAH
(tukang giribig)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar