Minggu, 28 Juni 2009

NGUKUR DEPRESI



Dumasar kana aspek kapribadian tiap jelema umumna bisa ngalaman depresi. Teu aya kapribadian anu spesifik salaku “predisposisi” keur “depresi”. Nu ngabogaan kapribadian “obsesif kompulsif”, “histrionik” jeung “border line” leuwih gede resikona keur ngalaman “depresi” dibandingkeun jeung nu kapribadianna antisosial atawa “paranoid”

Depresi nyaeta gangguan alam perasaan ditandaan ku alum jeung sedih nu tohaga tur waktuna panjang, ahirna bisa ngajadikeun leungit gairah hirup. Kadang istilah ieu dipake (oge) keur kaayaan sedih (‘sadness’), alum (‘murung’/’blue’) jeung nalangsa, nu padahal sabenerna beda.

Aya cara keur ngukur kamungkinan “depresi”. naha urang depresi ? . keur nyoba hal eta coba eusian tes di handap ieu;


Carana;
a. Pilih jawaban nu paling ngadeukeutan kana kaayaan urang atawa kanu naon hal nu dirasakeun ahir-ahir ieu
b. Teu pernah; bere angka ‘0’, kadang-kadang; bere angka ‘1’, mineng; bere angka ‘2’ jeung lamun tiap poe bere angka ‘3’

Test :
1. Kuring ngarasa sedih jeung teu gumbira

2. Kuring ngarasa leutik jeung euweuh pangharepan

3. Kuring ngarasa gagal hirup salaku jalma

4. Kuring ngarasa teu bisa nganikmati jeung bosen kanu sagala hal

5. Kuring ngarasa nu salah dina hiji kajadian

6. Kuring ngarasa pantes dihukum

7. Kuring ngarasa kuciwa jeung ngewa ka diri sorangan

8. Kuring nyalahakeun sorangan keur sakabeh kajadian goreng

9. Kuring hanyang ‘bunuh diri’ mun aya kasempetan

10. Kuring ceurik atawa teu bisa ceurik sanajan hayang

11. Kuring ngarasa kaganggu

12. Kuring leungit kahayang ka batur

13. Kuring hese nyokot kaputusan

14. Kuring ngarasa ‘penampilan’ teu ‘menarik’ atawa goreng

15. Kuring hese dina migawe pagawean

16. Kuring hese sare jeung sok hudang ngadadak mangsa peuting

17. Kuring ngarasa lungse mun ngagawean naon wae

18. Kuring ngarasa leungit nafsu dahar

19. Kuring turun berat badan antara 2 – 6 kg

20. Kuring hariwang kanu kaayaan fisik nu ngajadikeun hese mikiran nu lainna

21. Kuring leungit kahayang kanu masalah ‘sex’


Catetan :
a. Husus keur nomer 9, lamun angkana luhur geus bisa asup kana katagori “kedaruratan psikiatri”

b. 0 – 9 = depresi minimal (teu ngarandapan depresi)

c. 10 – 16 = depresi ringan

d. 17 – 29 = depresi sedeng

e. 30 – 63 = depresi beurat

f. Lamun hasilna 16 kaluhur disarankeun buru-buru datang ka dokter

Dicutat tina seratan dr. Teddy Hidayat, Sp.K.J

Tidak ada komentar:

Posting Komentar