Sabtu, 17 Oktober 2009

MASIH SONO


Nyerelek waktu teh geuning ari dirasakeun ku dasar kabetahmah, siga ayeuna kuring ngarasa waktu asa tereh pisan, padahal masih sono, masih loba nu hayang dibudalkeun, ditepikeun jeung pangharepan nu asa hayang nepi ka Anjeuna

Sabulan campleng kuring reureujeungan, nu leuwih cop mah meureun disebut manehna nu marengan, lain kuring nu marengan..., asa hayang silih teuleuman, asa hayang keneh kuring ngarasakeun lemesna usap manehna... tiis tingtrimna masih karasa basa maturan cungelik nepi ka janari...halimpu sorana nalika ngahudangkeun wanci samemeh subuh...



Gusti... ayeuna geuning manehna geus ganti deui ku Syawal..., asa karek kamari basa kuring paciweuh ngamandian budak... nguramasan.. bari ribut da kabawa ku ilahar mun rek mapag manehna kudu mandi cenah... kuring ngarasa lain mandina.. lain ributna waktu mandi sakulawarga..., tapi kuring ngarasa bagja yen geuning isukan manehna rek datang manggihan.

“Gusti.... abdi sono keneh...” harewos kuring basa ngadenge Takbir mimiti ngumandang ti Masjid sabada magrib... ciciren yen manehna geus rek kasilih kunu lian, sanajan nu lian ieu masih sarua boga Anjeuna.. tapi kuring sono kanu kamari,

Rumasa jauh taneuh ka langit malah meureun leuwih jauh batan eta, ngumahakeun manehna.., kuring ngan ukur bisa nahan lapar... bari teu cacap kabeh da aya nu kudu digantian... naha atuh Gusti kuring teh meni betah nyumput dina “Anjeun lautan hampura...”, “manusa tempat salah...”, “Ibadah mah dilakukeun samampuna... nu kudu pisanmah pangulahNa..” jeung rea rea deui.. nu nyababkeun kuring siga bener.. siga nyaan..., siga moal nanaon... mmmhhhhh “hapunten Gusti...”

Gusti kecap hapunten nu ku kuring dikedalkeun geus teu ka itung ku wilangan... geus teu kawadahan ku papagan... tapi asa betah, naha sabab Anjeun lautan hampura ?, sabalikna pamenta nu nguntay... ngagulidag lir ibarat caah dengdeng... malah kuring masih keneh sok ngangluh majar Anjeun teu nyaah... majar Anjeun pilih kasih... majar Anjeun teu malire...

Geuning kuring arang malire nitenan diri... letah jeung biwir nu geus leuwih yutaan ngaluarkeun kecap, sabagean malah meureun lolobana kecap eta matak jaheut umat Anjeun... matak ngaruksak alam Anjeun ngaliwatan panitah atawa parentah kuring..., yutaan demi renghap kuring mirig pikiran nu ka luli-luli mikir kagorengan... marengan niat nu teu pantes... ngawadahan sahwa sangka..., mmmhhh Gusti geuning kuring teh jauh tina welas asih... leungeun... panon... suku... shahwat... jeung nulainna geus lamokot ku rereged...

Geuning.. kuring ngan ukur lancar jeung bedas nyebut micinta Anjeun, tapi mana atuh ciri kuring micinta Ajeun... miharep welas asih Anjeun... miharep pitulung Anjeun... miharep Anjeun nohonan pamenta kuring...

Kuring sono kana bulan Anjeun nu karek kamari ngaliwat... ngan ukur kahayang mugia kuring bisa panggih deui sanajan kuring teu werat ngedalkeun yen geuning kuring ngan ukur loba kahayang batan pangawula ka Anjeun... loba pamenta batan panggugu...

Namung kasaha deui iwal ti ka Anjeun kuring ngadugikeun pangharepan dina do’a-do’a kuring... jeung kuring percaya Anjeun bakal nedunan pangharepan-pangharepan kuring dina kasono ieu..., Gusti widian dina sepi ing pangarti abdi... suwung panggugu abdi ka Anjeun, abdi seja nyuhunkeun sanajan abdi lamokot ku dosa..

Gusti... abdi sadaya iman ka pangersa Gusti, mugi Gusti ngahapunten kana dosa abdi sadaya, sinareng mugia Gusti ngaping ngajaring tina siksa panasna seuneu naraka..., Duuuhhh... Gusti mugi Gusti ngahapunten ka abdi sadaya sinareng ka dulur-dulur abdi nu imanna ti harela batan abdi, sareng abdi mugi gusti ulah ngajantenkeun hate-hate abdi sirik pidik jail kaniaya ka nu ariman. Duh Gusti gusti teh nu maha welas tur maha asih....

Duh Gusti... mugi Gusti ngahapunten abdi, sareng pun biang oge pun bapa teu kalangkung mugi Gusti mikawelas tur mikaasih pun biang sareng pun bapa sakumaha pun biang sareng pun bapa mikawelas mikaasih abdi dugi ka danget ieu.....

Abdi nyalindung neda tulung ka nu ngereh sakabeh manusa, raja sakabeh manusa, Gusti pangeran nu murbeng alam, tina kajahatan nu sok ngadago bongoh... nungguan dina lulungu... megat dina pacengkadan.., nu sok ngagerentes ngaharewosan dina hete-hate manusa...

Gusti cahyaan... pikiran abdi... niat abdi.. paninggal abdi... pangambeu abdi... pangrasa abdi, sora abdi.. panguping abdi.. pangrampa abdi sinareng lengkah abdi, abdi neda mugia abdi kalebet golongan jalmi nu kengeng pitulung Anjeun sanaos abdi nuju tibra dina bobo milik Anjeun...

Tebihkeun abdi Gusti tina golongan jalmi nu igeug talingeuh... bodo taya kanyaho... bolotot panon haureun.... Gusti rawu abdi dina rangkul kadeudeuh, panungtun rahayu, pangjait kaasih Anjeun... leuleuskeun manah, ilat oge lambey abdi... gesan nyandak tiis tingtrim ka sakuriling dimana abdi aya nyandak waruga...

Gusti jantenkeun kasono abdi... kana bulan Anjeun kasono nu leres micinta, pasihan abdi ka kiatan kanggo tiasa nohonan parentah Anjeun sareng nebihan naon rupi nu ku Anjeun dipahing...

Gusti abdi neda tiasa pendak deui sareng sasih syiam..., namung sakintenna abdi teu dugi, mugia sasih syiam kamari sing atra nyata nyandak diri abdi robih langkung sae batan ayeuna. Sareng mugi Abdi dijantenkeun jalmi nu sadrah ka Gusti, nyakitu deui seke seler abdi mugi dijantenkeun umat nu sadrah ka Anjeun.

Legakeun harta banda abdi... datangkeun harta raja kaya ka abdi sakulawargi ti tempat-tempat sanajan tina cahaya nu teu ka impleng mungguh manusa, Gusti Anjeun maha beunghar batan beunghar eta. Datangkeun rajakaya abdi anu nyanding milik nyandak berkah kanggo abdi... kulawarga.. tatangga oge umat-umat Anjeun nu sanesna...

Leberkeun sabar abdi... pinuhan hate abdi ku welas asih ka sasama oge umat Anjeun..., bersihkeun pikiran abdi... sareng abdi panuhun paralun saupamina abdi dimaotkeun ku Anjeun mugi maot dina kaIslaman oge Iman...
Amin...
abdi masih sono...
Walahualam

4 komentar:

  1. euh... kutan, atuh sami
    #ceuk si aa neng irma teh#

    BalasHapus
  2. Romantiss .. tiss .. tiss .. fotona oge, jadi tambih sone we ka si .... (er ha es, ah ..) hahaha .....

    BalasHapus
  3. deuh meni alim nyebatkeun eung pripet cenah mah hehehehehe....

    BalasHapus