Edas batan sare kalahka sumoreang, euh sagala kapikiran sagala nyimpang dina ingetan... Ari tadi tunduh ari ayeuna naha ieu uteuk ngadadak pinuh ku saga rupa, aya gambar cing sariet siga pesawat udara leupas tina gedogan... Aya rewuan kekecapan lir hujan pateran... Wah sagala aya we, kapikiran naha sare teh kudu nunda sirah kitu ??? Ari ras inget atuh kumaha peureumna jeung utamana mah lebar ku biwir, da mun sare teh sok kerek apanan.. Pamajikan sok pirajeunaneun kurajina ngarekam majar teh lumayan keur nada panggil hape cenah batan meuli pan cinta produk sorangan, komo ieu hasil salaki, majar teh...
Enya kamarimah pirajeunaneun nelek-nelek hasil rekaman pamajikanteh, walah geuning apik di erakan sagala...diurut dumasar kana titimangsa direkamna... Kuring terus ngotektak kana jero lomari, gep kana map nu kandel...dibukaan, gebeg.... Reuwas geuning nyaanan make katalog sagala nu diurutkeun dumasar salian waktu tea aya dumasar tempat... Wanda... Aliran make jeung kamiripan sagala...
Nyobaan ah dibukaan nu dumasar tempat...seak aya rasa ambek sagala, sabab naha meni lengkep geuning majar teh...luhur suhunan...hareupeun hawu...tonggong munding...kandang embe...golodog si a, golodog si b walah siah naha aing teh prokutif-produktif teuing geuning ari bab kerekmah, tambah ngagebeg basa maca... Dina luhur dada kami...cenah, naha asa kaleuleuwihi geuning...
Harita kuring...ngagawawak asa teu rumasa kerek dina luhur dada manehna, kuring mentog ka pamajikan, cekengteh montong kaleuleuwihi, ari sakirana nu henteu mah..., na ari paralak teh siga kacang ninggang kajang eta pamajikan mere jawaban anu rinci malah jawabanna ge sarua make aya dasar-dasarna, aya katalogna sagala patut, ngan henteu dilomarian wungkul we sigana, majar teh basa malem ahad kaliwon tanggal sa anu...jam saanu... Basa samemehna budak dipindahkeun sarena ka deukeut hawu meh haneut ngarasa di keukeupan kami...basa akang nginum ramuan jajamu nupahili jeung cai panguluban daun sampeu..., basa akang nitah kami make tongkat nu disodorkeun tongkat pramuka si cikal..., basa agul nginum pasak bumi, padahal paseuk kandang domba..., basa akang tikudawet..., basa...., "minggeueueueuesssssss....
Gandeeeengggg" ceuk kuring harita, heueuh lah meureun, tapi naha atuh ilaing teh nyai meni rapekan-rapekan teuing kerek akang direkam kabeh euy, "eh akang ari nyai mah dulang tinande, nampi sagala kanu ku akang dipasihkeun kalebet kerekna, nya ku abdi bade dimumule, malihan engke mah kapayuna rencana bade dipatenkeun atuh kabayang ke di lembur urang rame kerekisasi, sanes kitu ?", teuing ah kumaha ilaing we...
"Ari akang abdi mah hoyong ningkatkeun kasadaran urang lembur kana pentingna ngamumule kerek, margi ari kerek teh hiji sora nu kaluar bari jinisna teu sadar, matak resep matak nineung komo eta pas suantenna ngalambung siga paparoti...., ditungtungan ku ngajieeeeesssss...., siga ban kempes.... Euh matak dedengeun, matakna abdi teu rido pami eta kerek diaku-aku ku tatangga", kuring mesem ngadengena.... Pok deui... "Malihan kamari teh dina usaha abdi ngajomantarakeun kerek akang dina wanda tepak tilu nu direkam basa akang keur tisuksruk dina caket hawu..., aya pangusaha nu katarik hoyong meser hak ciptana..., malihan hoyong ngawujudkeun dina wujud sanes, saurna hoyong tiasa ditingali diwangunan tilu dimensi...., teungan ukur kaendahan sora cenah.." Baruk emang bisa kitu ?
"Puguh eta dugi ka anjeuna manggil sababaraha urang pakar seni instalasi kanggo ngayakeun seminar, supaya tiasa nggambarkeun kerek akang nu endah dina bentuk barang..., pan salami ieu kerek teh sok digambarkeun ku wangun siga aksara jet (Z), padahal eta wangunan teu bisa ngagambarkeun jieeeeessssssna...." Terus kumaha hasilna ????
"Lumayan aya kamajengan ayeuna teh nuju ditaliti kumaha ngagambarkeun..., ornamen-ornamen sanesna..., sabangsa ...,ngulisikna...., elayna...., jeung sajabana "
Astagaaaaa...., ieu elay meni jibrug ka baju baju sagala rupa, ceuk kuring reuwas.... "Elay....elay..., tujuh mulud siah nurustunjung etamah cai tah pamanjur kami ...., gera hudang ! Sare wae ari ilaing...., sakang...."
Ari nyai teu ngarekam kerek akang ?? "Ngarekam naon..., boro-boro ngarekam kateu ari-ari, sakitu tibrana meni teu kerek-kerek acan..."
Euh....,suganteh rek nyaan kapeto ahli kerek ...., tapi bae ah sigana ari pakar ngimpi mah moal leupas yeuh...
#Tukang Giribig#

Tidak ada komentar:
Posting Komentar