Bapa.., Abdi terang Salira teu ngandung Abdi, tapi apan getih
Anjeun aya ditiap urat-urat raga Abdi, Anjeun ngawariskeun mere maweh berehan
sinareng handap asor
Bapa.., Salira memang sanes nu ngalahirkeun Abdi, tapi
aweuhan sora adzan Anjeun mitemeyan ngawawuhkeun Abdi sareng jalan ka Allah,
Gusti Abdi
Bapa.., Abdi terang Salira sanes nu nyusuan, tapi apan tina
tiap keclak kesang Salira, huap sinareng regotna nu ngajantenkeun cai susu keur
Abdi
Bapa.., Abdi terang Salira teu salawasna ngajaga Abdi, tapi Abdi
terang diunggal do’a Salira teu kantos luput nyebat nami palaputra Salira
Bapa.., Abdi teu kantos nguping Salira sumegruk nangis..,
satadina dibabade Salira teh kuat teger
Tapi geuning henteu..., Salira nahan kanyeri kasedih
estuning supados Abdi teu hangham nyalindung dina weweg pangadeg Salira nalika Abdi
honcewang sumoreang
Bapa..., kadang kawis Abdi sok hoyong naros, naha tangkeupan
Salira teu haneut sapertos tangkeupan Ema
Abdi ngaboa-boa, boa Salira teu patos nyaah siga Ema
Tapi geuning henteu.., saestuna Salira hariwang teu tiasa
ngecagkeun raket pageuh pangeukeup, nalika waktosna cunduk kuring sawawa dewasa
nyilih ngaganti disagedengen Salira
Bapa.., naha Anjeun teu katawis hariwang ningal Abdi nalika
raheut nepi rek pupus pangharepan
Satadina manawi Salira teu rumawat ka diri Abdi, sakumaha Ema
nu karaos titen mikamelang
Tapi geuning lepat.., Salira tega nahan rasa ka diri Abdi
margi miharep palaputra, tumuwuh pinuh pangaweruh bari mandiri, sabar, kuat teu
hengker jeung tigin jangji
Bapa.., sanaos surga aya dina dampal sampean indung, tapi
apan Ema teh tulang iga Salira Bapaa..., Salira duaan panutan Abdi
Nuhun Bapa.., Salira tos ngajarkeun naon rupi kasaean
Hapunten Apa..., hapunten,,,
SimAbdi nu tacan tiasa ngaronjat kamampuh geusan
ngabagjakeun Salira, mung do,a nu salawasna nganteng ka Gusti kanggo Salira
Hapunten Apa..., Abdi ukur tiasa misono diwaktu anggang,
apan geuning mun pendak mah siga nu enya ripuh ku kahirupan
Apa...Abdi sono paaa...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar