Senin, 07 September 2009

SAHATE ???!!!


kacaritakeun mang suhe teh tukang cendol... anu dagangna ditanggung nguriling ka unggal lembur, hiji mangsa balik ngider mang suhe manggih ali di jalan...., kulantaran geus di salabarkeun euweuh nungaku... ku mang suhe eta ali di jual... duitna dipake meuli roda...

teu kungsi lila... usaha cendolna maju, dapuguh arikitunamah ayeuna dirodaan jadi didorong tara digusur bari mundur..., seutik-saeutik duit ladang jualan ku mang suhe ditabungkeun da cenah ari sakaligus loba mah tara aya nu meuli cendol sajutaeun komo ngaratus juta... jeung da nyakitu dina ayanage moal kaladangan... tabungan geus lumayan aya najan can loba nya mun dibeulikeun beemwe mah aya we genep sikieun mah sanajan kacana tina bilik oge...



"ah asa hayang nyugemakeun pamajikan..." ceuk pikir mang suhe bari mikir rek mang meulikeun naonnya... rek meuli gunung geus loba... malah nu sok disada atawa ngadahdirge aya gunung teh... ari rek dibeulikeun walungan asa karunya ka pamajikan mun seug kudu ngontrol jauh temen sigana... sawah nya kitu keneh loba ah... "oh yesssss....!!! " ceuk mang suhe bari ngagidig ka toko emas... "beulikeun anting we ah... meh payus tah ceuli pamajikan teh... aya nu ngagulantungan mah..."

"meser anting koh... dua siki... bungkus nya tong make cabe..."

"hayahhh... mamang benghal geuning meuli anting pake dua cagala hayahhh..."

"atuh enya... koh dewek tea juragan cendol koh... buru lah..."

"enya ciap... mang.... cabalaha glam... mang"

"na ari engkoh montong di graman lah... pokokna dua, dalah cabe ge montong komo gram"

"enya atuh iye mang..." ceuk siengkoh bari nyodorkeun anting dua pasang...

"sengkoh.... cing baleg maneh emang pamajikan dewek ceulina opat siah..."

"ali mamang hhaaaahhh... apanan mamang pesen 2 hah..."

"bener dewek pesen 2 koh lain opat ciah..."

"atuh eta altina sapasang mamang..."

"heueuh lah meureun... buru bungkus koh... pokokna keur ceuli pamajikan nu rebing dua siki we..."

sanggeus mayar mang suhe ngagidig... bangun atoh, da bari ngaheot sagala rupa..., sanggeus nepi ka imahna...

"nyanehna kadieu euy... dewek rek mere surpris... buru"

"naon kang... tara-tara tisasari mere... " ceuk pamajikan mang suhe bari mawa piring...

"ari maneh naha mawa piring ?"

"enya apanan eta surpris teh kadaharan lain ?"

"lain... buru sok kadieu lah... sideku silaingna... buru.."

"na ari akang teu beurang teu peuting meni rarusuh wae atuh... make sideku sagala..."

"eh heueuh hampura da dina pilm mah, deweknya nu kudu sideku teh... poho euy..." ceuk mang suhe bari ngusiwel ngaluarkeun bungkusan...

"alah suhe... suhe... ari ilaing, bungkusanna ge geuning ngan sagede kitu... dahar we lah ku ilaing moal piseubeuheun duaan mah..."

"beuh... siamah teu nyaho romantis... cicing heula ciah bisi dibabet rancatan... gera ah..."

"naha suhe silaing nganggap dewek sieun kitu... yeuh nu kamari ge apanan sialing eleh ku dewek di babuk dulang, hayang deui maneh....?"

"aduh aing mah hese... rek romantis ari katurunan maung mah geuning...."

"naha suhe sia teh teu kapok ? bari mamawa turunan ciah... hayang di kerewes.. ku kami "

"ke.. ke... ke... atuh alah, lain euy...." ceuk mang suhe bari mundur..

"naon atuh siah ngajak ribut wae ....?"

"ieu... ieu... ieu... geus atuh ulah nyerenteng kitu..." ceuk mang suhe nu ampir ngaberetek lumpat da puguh apal adat pamajikanna... bari ngalungkeun bungkusan ka pamajikanna

bungkusan disanggap ku pamajikanna...., terus dibuka...

"akaaaaaaangngng... pupujaning ati, geuning anting... nuhun akang... nuhun... nuhun... nuh.."

"minggeus montong loba teuing nuhunna.." ceuk mang suhe bari nyerengeh ngilu atoh...

"sok atuh akang pang nerapkeun..., tapi ieu pan geus lila teu make sieun pongpet... pang nojos keun deui we saeutik tuh didapur aya jarum..."

"heug..." ceuk mang suhe atoh terus ngaleos ka dapur...

"mana kadieu manehna ..."

"naaaaaaaa.... suhe ari ilaing,"

"naon deui atuh..?"

"eta naha mamawa linggis.... ngajak ribut deui sia teh ?, naha ceuli kami teh gorong2 kitu ?"

"oh lain manehna pan ieu jarum...., ieu mah linggis bieu ngagoler.."

geus dipasangkeun duan pa pelong atoh...

"nuhun akang..."

"sarua ... dewek karek bisa mere saeutik "

***

saminggu ti harita mangsuhe kacilakaan.. rodana katabrak.. ban rodana ancur sabelah.. ringsek teu bisa diomean komo dipake..., balik ka imah kasampak pamajikanna keur ngaheruk...

"kunaon manehna ?"

"puguh akang hampura... anting teh leungit sabeulah..., ari akang kunaon siga nu murukusunu ?"

"puguh akang ge roda katabrak... ban-na ruksak sabeulah..."

duaan pahuleng-huleng... "emh deudeuh pamjikan karek katingali bagja saminggu geus alum... isukan mah kumaha carana rek disugemakeun deui..." ceuk pikir mang suhe

kitu deui pamajikanna "mmmhh karunya si akang meureun bakal nanggung deui, padahal manehna bisa meuli anting teh alatan roda... ah isukan mah kumaha carana supaya rodana bisa dipake deui..." gerentes pamajikan mang suhe...

subuh subuh.. mang suhe tara-tara tisasari geus ngagidig ka kota..., pecat sawed geus balik deui aya di imah.. kasampak pamajikanna suwung..., bae ah rek ditungguan we moal dagang ayeunamah.. ceuk mang suhe...

teu kungsi lila pamajikanna datang bari mawa paroman nu gumbira...

"akang... kami nyaah ka ilaing... ayeuna kami hayang nyugemakeun akang..."

"sarua manehna... akang ge kitu... akang ayeuna hayang nyugemakeun oge maneh..."

"naha naon akang...?"

"ari maneh naon ?... cik atuh maneh heula " ceuk mang suhe panasaran...

"kieu akang... kulantaran ningali akang nanggung deui cendol kami teu tega, nya anting sabeulah teh di jual tah di beulikeun ban roda sabeulah.... ari akang naon ? " ceuk pamajikanna

"euh kutan ?????" mang suhe kerung...., "kieu satadina dewek teu tega ninggali maneh dianting sabeulah nya ban roda nu alus keneh kudewek dijual dibeulikeun anting sabeulah..." ceuk mangsuhe bari mikeun anting... sabeulah...

"haaaaaarrrrrrr..... atuh ieu kumaha ????" ceuk pamajikanna bari mikeun ban roda sabeulah....

<<>>

1 komentar: