Sabtu, 05 September 2009

SANES KUMARGI TAPI SANAOS


Jungjunan naha salira uninga....
naon margina kageulisan istri sok diibaratkeun malati...
margi malati, bodas nyacas najan alit tapi masihan kaseungit nu meleber...
dina layuna masih seungit...
kitu deui salira lir ibarat malati nu mangkak...

Jungjunan naha salira uninga...
naon margina angin sok diibaratkeun katingtriman...
margi angin masihan dalingding nu matri...
najan teu katingal namung karaos ayana...
nyakitu pisan salira lir angin nu masihan katingtriman diri akang...


Jungjunan naha salira uninga...
naon margina akang micinta salira...
akang micinta salira sepi margi, tuna sabab...

Jungjunan akang micinta salira taya sababna...
akang micinta salira sanes ku margi atanapi ku sabab...
akang micinta salira estu ku sanaos...
akang mitresna salira leber ku sanajan...

*kanggo salira jungjunan pupujaning ati*

Tidak ada komentar:

Posting Komentar