Minggu, 28 Juni 2009

KA'HIJI'



"awas..mang, awas ulah di galeng eta, awas... mang awas"

"naon ari maneh jang meni gegerewekan.."

"awas mang... awas...awas...euh tuh amang mah ngahalangan jalan jadi we uing eleh.."

"naha keur naon atuh jang ? lain pan ilaing teh keur ngarit ?"


"enya nuju ngarit... bari babalapan paheula-heula nepi ka tangkal cereme itu"

"har... iraha beubeunanganna atuh ari ngadon balap lumpatmah, jaba dina galengan kumaha mun labuh"

"pan ngarit heula mang... terus ditundaan dua keupeul, ke mun nu meunang balap, meunang dua keupeul"

"oh kitu ?"

"enya jadi we uing eleh ah...amang tuda ngahalangan.. ah"

"bae atuh balikan deui we... jaba amang mah rek ngiuhan heula ah di saung, sugan aya mang akim"

"aya mang tuh tadi siganamah nuju mubuy sampeu"

"enya jang pek..atuh tuluykeun"



*******

"geuning aya kim.... kumaha cageur euy"

"eh kang... alhamdulillah, tos timana ?"

"nempo sawah kim..., cik aya paneker, tah bisi rek udud euy"

"wah bako nomer hiji ieu mah.." ceuk manehna bari nyodorkeun paneker nu tuluy nyokot bako pangasongan kuring, " lain naha sura seuri kitu kang " pok deui si akim nanya

"eta kapiasem ku budak, si enceng.. nu keur ngarit make balap lumpat sagala rupa"

"eh apan biasa... meh sumanget jeung tereh ngaritna, naha teu inget urang baheula sok kitu ?"

"rarasaan mah baheula lain balap euy, tapi ngalungkeun arit ka luhur, ke mun nu nanceb kana taneuh, meunang kitu lain ?"

"sarua wae... ngan mun arit mah duaan duaan..., pan etamah barudak aya lima na, jadi balap..."

"atuh watir nu boyot euy... moal meunang"

"nu boyot mah moal dibawaan jaba manehna ge moal daek ngiluan..."

"atuh... moal boga kasempetan meunang dua keupeul..."

"bisa...., pan manehna sauntung jeung nu alus lumpatna..."

"koalisi meureunnya hahahahaha....,jadi aya aturanna eta teh euy ?"

"aya atuh..."

*******

"pantes atuh geuning nya rea nu hayang jadi nomer hiji..., da geuning barudak nu ngarit oge kitu"

"eh etamah kudu kang..., tah nu ngarit siga nungarit moal siga nu lain"

"naha ?"

"maen bal...maen kaleci jeung sajabana pan kudu usaha jadi nomer hiji...jeung nyirikeun yen eta teh maen bal...atawa maen kaleci, lain maen bal siga maen tinju atawa siga maen silat"

"ah silaing mah... siga nu enya wae..."

"bener kang... tah ayeuna usum jadi nomer hijina nagara "

"ceuk silaing kudu siga naon ? pan etamah pulitik..."

"kawantu eta pulitik teh carana jelema dina enggoning hirup jelema, tangtuna kudu siga jelema atuh "

"naha.... make siga jelema...kim ?"

"eh.... nyaan kang, sabab sok loba jelema dina pulitikna siga, 'ucing', 'oray', 'bagong', 'monyet' jeung sajabana anu teu payus disebut pulitikna manusa"

"terus...!"

"nya pan ayak-ayak beas kang..."

"ari ciri pulitik jelema kumaha kitu ?"

"ah.....si akang, salain aya hate leutik sakabeh jelema nu bisa dijadikeun panyaluhuan tangtuna maranehna baroga agama jeung darigama, tingal tanyakeun atwa taker we ku eta"

"lamun loba keneh nu karitu kumaha atuh ?"

"teu nanaon pan ayak-ayak beas tea, keur pangbeda apanan...jaba loba lahan keur ibadah mun mampu mawa, atuh lamun acan, paling heunteu dina hate we yeun urang teu panuju, pan eta teh ibadah lain ?"

"lain siah mun kadengeeun kumaha ? maneh teu sieun jaba pan urang mah rahayat?"

"heunteu kang pan uing hayang jadi rahayat jeung budak angon KA'HIJI' hahahahahaha...."



tukang giribig

Tidak ada komentar:

Posting Komentar