"aya naon teh meni sura seuri...bangun bungah pisan.." kuring nanya ka menehna dumeh ningali pasemon anu seger tur muruhmuy lir sumiratna panon poe
"eh keur manggih kanikmatan jang...." ceuk manehna bari jongjon...
"enya naon atuh ih bagi...bagi..., naon rujak..... LISUNG atanapi JUS BATAKO yeuh..." ceuk kuring
"hahahaha!!! sok hoyong apal wae tukang giribig mah!!!"
"teu ah teu hoyong apal da moal aya ujian weureu wew.... aya oge sertifikasi keahlian widang WEUREU spesialis PIKASEBELEUN da... ngan padah mun gumira uing hayang apanan eta... meni gumbira kitu " tembal kuring...
"mun ngalaman..pasti sami ngarasa nikmatna!!!!...." pok deui manehna nembalan bari tetep teupati ngawaro....
"sugan kudu dikoet siah...." pikir kuring....karek oge rek ngoet...manehna ngaharewos
"Hari ini..atas seizinNYa saya menolong orang yg sdg mengalami kesulitan (pasien miskin harus Cuci Darah), atas seizinNya juga..hanya satu hari pengurusan semua berjalan lancar..car..car..tanpa kendala, muali besok dst..pasien tersebut digratiskan dari segala biaya pengobatan...Tah..eta Jang anu karaos ku Ema nikmat tiada bandingannya!!! Kecap Cap Bango mah lewaat!!!!" ceuk manehna....
sajongjongan kuring olohok mata simeuteun.... luar biasa pisan ieu.... siga enteng padahal, tapi nu leuwih jerona yen manehna geus bisa bagja alatan bagjana deungeun...., umumna jelema loba nu resep lamun batur kanyenyerian.... ari ieu kasasup jelema nu saeutik
luar biasa ceuk kuring..... mugia GUSTI oge ngajantenkeun abdi kalebet dina golongan jalmi-jalmi nu sakedik
memeh kuring sadar.... da siganu kabur pangacian....pok deui manehna ngahareweos
"hikmah!!! sgala urusan nu kapayunan ku urang ulah dihesekeun..tinangtos urusan urang ge bakal di gampilkeun..janji Allah moal Inkar!!!"
NUHUN..... ceuk kuring sanajan teu pok da tikoro ngarasa garing.....
(tukang giribig/tulisan nyata)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar