Pygmalion hiji pamuda nu parigel dina mahat. Hasil mahat atawa ngukirna luar biasa alus. Tapi lain kaparigelan mahatna nungajadikeun maneh na kakoncara tur diparesep kunulain boh babaturan atawa tatangana
Pygmalion kasohor kulantaran manehna sok hade sangka/mikir positif. Manehna ningali jeung ngamaknaan kanu naon hal nu katingalina tina sisi anu alus wungkul
** lamun jalan ledok/becek, batur rumahuh bari kukulutus. Tapi Pygmalion “untung aya keneh jalan teu saledok jalan ieu.”
** lamun aya nu nawar patungna mani pait, babaturana ngomong “pedit pisan ieu jelema”, Pygmalion “meureun aya keneh kaperluan lain anu leuwih penteing.”
Pygmalion kasohor kulantaran manehna sok hade sangka/mikir positif. Manehna ningali jeung ngamaknaan kanu naon hal nu katingalina tina sisi anu alus wungkul
** lamun jalan ledok/becek, batur rumahuh bari kukulutus. Tapi Pygmalion “untung aya keneh jalan teu saledok jalan ieu.”
** lamun aya nu nawar patungna mani pait, babaturana ngomong “pedit pisan ieu jelema”, Pygmalion “meureun aya keneh kaperluan lain anu leuwih penteing.”
**lamu aya budak maok bubuahan, Pymalion tara sosorongot nyarekan, malahan mikarunya “deudeuh ieu budak kurang didikan jeung atikan, jaba meureun kurang dahar di imahna.”
Eta diantara cara jalan pikiran Pygmalion. Manehna tara ningali kajadian tina sisi goreng, tapi sabalikna tina sisi alusna. Manehna tara perna mikir goreng ka batur, sabalikna manehna terus ngabayangkeun hal-hal nu alus dijero pagawean batur anu goreng.
Hiji poe Pygmalion ngukir patung awewe, dina kai anu alus. Hasilna mangrupa patung siga pisan jelema jaba ukuranna satangtung, eta patung persis
Babaturan Pygmalion ngomong, “ah salus-alusnage patung, ngan ukur patung lain pamajikan maneh”.
Tapi Pygmalion teu kitu manehna ngaropea eta patung siga ka jelema, teu sakali dua kali manehna neuteup tur ngusapan
Para Dewa di kahiayangan ningali jeung ngahargaan kana naon rupa nudilakukeun ku Pygmalion, nu ahirna Dewa mere anugrah ka Pygmalion ku mere nyawa ka eta patung. Saterusna Pygmalin hirup ngarumahtangga jeung awewe eta, nu ceuk dongeng eta awewe panggeulisna
Ngaran Pygmalion masih dikenang nepi kaayeuna keur ngagambarkeun dampak pola pikir positif. Lamun urang mikir positif kana sagala hal atawa kasalah saurang, remen hasilna bener-bener ngawujud positif
Contona.
**lamun urang hade basa jeung someah ka batur, tangtu eta jaelema bakal kitu ka urang
**lamun urang ngajenan budak sapantesna keur budak nu cerdas, tan wande eta budak bener-bener jadi cerdas
**lamun urang yakin yeun naon rupa nudipigawe bakal hasil, gede pisan kamungkinan eta pagawean bakal tinekanan
Dampak pola pikir positif ieu disebut dampak Pygmalion
Pikiran urang memang mineng ngabogaan dampak “fulfilling prophecy” atawa “ramalan tergenapi”, boh alus pon kitu deui goreng
*lamun urang nganggap tatanga urang teh judes nungajadikeun urang embung loma jeung manehna, ahirna bisa bener manehna judes ka urang
*lamun urang curiga jeung nganggap budak urang culas atawa teu jujur, ahirna eta bisa bener-bener kajadian
*lamun urang putus asa jeung geus ngarasa teu sanggup kana hiji usaha, gede kamungkinan eta usaha bakal gagal
Pola pikir Pygmalion nyaeta mikir, ngaduga jeung miharep ngan saukur kana kaalusan tina hiji kajadian atawa ti papada urang. Bayangkeun, kumaha rohakana dampak lamun urang ngabogaan cara mikir positif siga kitu. Urang moal boga sahwa sangka anu goreng ka batur
Urang moal ngagogoreng batur, urang moal nyangka batur kaniaya
Lamun urang mikir kagorengan batur, pasti wae aya jalan jeung neretelan ku sangkaan lain anu goreng ka manehna. Lamun batur barang bere ka urang, nu jelas ieu pagawean alus batur ka urang, tapi mun urang mikir goreng, “ah rek aya maksud naon yeuh... ngolo meureun”, atawa “rajeun barang bere nu kieu... di imah ge loba nu kieu mah”
Urang jadi sahwa sangka goreng ka batur antukna urang cape kupolah sorangan ahirna urang hirup teu sinugrah
Sabalikna lamun urang mikir positif, urang bakal gumbira tur bagja dina narima eta hadiah, pon kitu deui batur nu mere bakal resep ningali urang narimakeun pamerena
Rupa kahirupan memang gumantung kana “kaca mata” nu dipake ku urang
*kacamata beureum mere beureum, rumek jadi rumek pon kitu deui mun nu caang bakal caang mabra*
Hirup bakal leuwih mulya lamun urang ningali jeung ngigelanna tina sisi anu positif. Mikir alus keur diri sorangan, batur, kaayaan pon kitu deui nu utama ka Gusti.
Dampak tina mikir positif ieu bakal dirasakeun, lain ngan ukur ku sorangan tapi oge kulawarga, babaturan, tatanga. Dalah pagawean oge jadi matak resep tur pogot sarta soson-soson.
Dunya jadi someah... manjing kecap SILIH ASAH SILIH ASUH SILIH ASIH
Walahualam
(dicutat ti “cerita motivasi”; disundakeun TUKANG GIRIBIG)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar