Sabtu, 27 Juni 2009

BASA NGINUM KOPI, AYA KATINEUNG.........(3)


Hus...ck..ck..ck...hus....ceuk kuring nitah si jalu maju narik deui sado nuditumpakan ku tiluan....

Kuda oge...ngadigleu bangun ngarasakeun pagaliwotana hate nu tarumpak sado......

Kumaha carita....ceu idah ?????? keun urang tendeun dina handeuleum sieum gesan sampeureun......

Kacatur kang didi nu tas turun tina sado.....

Mmmhhh.....idah...naha maneh teh teu balaka tianggalna.....naha atuh kuring teu apal kana tanda.... naha atuh......gerentes kang didi bari terus neuteup sado nepi ka mengkol ka katuhu di parapatan....


di....di....timana maneh batur nungguan euy....ceuk sora ti jero imah...

eu..eu...pan urang karek datang otong...ceuk kang didi nembalan semu ngarenjag....
heueuh kabeh nungguan rek der ieu riungan, ngan akang can datang tadina rek disusul....maksud teh bisi kumaonam... hariwang kang ma’lum kalanceuk.....ceuk si otong, nuhun tong...maneh mikanyaah kalanceuk euy...ceuk kang didi bari ngaleng taktak si otong leumpang asup ka imah....

jam sabaraha euy urang rek mimiti bagempungan teh tong ? ceuk kang didi, ...., ayeuna keneh kang ngan ukur nungguan akang pan.....tembal si otong, heueuh hayu atuh.....meh tereh rengse
sanggeus rengse riungan sawala kulawarga,.... si otong ngudar sila....ngolesed ngadeukeutan ka kang didi nu sila tutug di juru....

cing kang aya ududeun......ceuk si otong muka carita....kusiwel kang didi ngaluarkeun bako tina baju kampretna....bari ngan ukur ngareret ka si otong...
duh ari jelema jegud bandar kalapa mah ududna ge pahpir euy...., teu siga kuring ngan ukur daun kawung....ceuk si otong bari mimiti ngalinting ududeun..... pok deui manehna ngomong.....kunaon kang siga nu teu berag..... siga nu jauh panineungan... naha aya naon ?

puguh akang teh pan isuk rek indit deui ngeureuyeuh ngalaan kalapa nu hanca, jaba aya nu can dipitemeyan pisan......loba nu geus dicangkol tapi can dilunasan jabaning..... ceuk kang didi bari angger siga nu jauh panineungan....

lain apan etamah geus kabiasaan akang, geus jadi kasab akang.....naon nu dipikahemengna nepi siga nu bingung....?

kang didi obah diuk tina sila tutug jadi sila ipis......bari rada ngaharewos ngomong ka adina,,,,, lain ilaing bisa nyekel rusiah ? pokna

naon kang ? naon nu dirusiahkeun ?.....kuring pan adi akang teu pantes sigana lamun eta rusiah akang kuring betus, komo akang geus papagon mah, cing naon atuh ?

kieu tong..... tadi beurang basa akang keur leumpang rek mulang.....heueuh maksud teh rek kadieu ka imah......di jalan akang nyimpang ka imah ceu idah...., nyaho ilaing ceu idah pan ?...... kang didi teu kebat ngomongna kapotong ku narik napas panjang bari manehna ngarongkong kana bungkus bako jeung pahpirna...

memeh...gep kana bungkus bako....si otong nanya....kang lain akang teh tara udud ?, heueuh geus lila sabenerna akang eureun udud, ngan padah tadi dijalan meuli da pikir teh era euweuh sa-gek-keun di riungan cekengteh ah, tah ayeuna mah rek ngasaan we..... pok na kang didi nempas bari nyerengeh

ke..ke..ke... ari tadi teh ceu idah teh kumaha ? pok deu si otong nanya..., heueuh ilaing nyaho pan ? mun teu salah mah babaturan sakelas maneh di sakolaan baheula nya tong ? ceuk kang didi bari nyeungeut ududna nu terus di seuseup bangun nikmat.....

enya nyaho ayeunamah manehna pan jualan enteh kang.....salian naker di imahna, oge manehna sok pirajeunanneun ngider....puguh rajin pisan kana usahana teh..... jaba rikrik gemi pisan pan manehna, tapi naon nu dirusiahkeun kang ?

ssssssssss.....aaaaaaaahhhhhhh....kang didi nyeuseup udud nu terus diserebungkeun haseupna ka luhur bari pokna..; tadi kuring ngobrol didinya malah aya tukang giribig sagala si sarjang tah jeung bebenena....teu lila oge malah aya ceu biah.....babaturan ceu idah nu sok nginjeum2keun pare....atuh uplek pisan ngobrol teh tong euy matak waas.....bari nyoreang ka tukang jaman pada pada lalagasan, puguh ge matak pogot ngobrol teh....

ssssrrrruuuutttt...kang didi nyuruput cai kopi hancana bari nekeskeun sekar udud nu panjang ka asbak tina batok kalapa, diteruskeun ku nyedot ududna..... bari pok deui...; ieu rusiah kade tong nya....., tah dina uplek ngobrol teh manehna kedal yen baheula waktu sakola basa akang sok masih keneh maen kacapi.....manehna mikaresep ka akang....ngan teu kedal da meureun ari kitunamah awewe pan....

Kutan .....!!!! si otong ngaranjug.... terus ari akang ?

Puguh akang oge aya rasa....., akang oge aya pikir.....akang oge aya suka, kamanehna tong....

Mmmmhhhhhhh.......terus kang ?

Heueuh pan urang geus pada pada nyaho....yen akang lain bujang nyakitu deui ceu idah lain parawan, kabeh geus baruntutan.....
Tapi pan pikir nu ngancik dina diri.....rasa nu nyaksrak dina raga.... mah can tangtu karasa ku batur lain ?

Nyakseni kang......palebah dinyanamah kuring surti....ceuk si otong nembal bari tungkul....

Tapi ceuk kuring....tapi hampura kang teu pisan pisan rek mapatahan hiber heulang.... atawa mapatahan ngojay ka meri, da dinu hal ieu geus aya dina saku akang....jeung lain oge nganggap akang biasa kieu.

Ngan ceuk pamikir kuring yen rasa tresna....., rasa nyaah....., rasa asih...., eta teh pamere GUSTI nu teu bisa di tolak sabab urang teh pan mahluk ANJEUNA..... sarua jeung rasa sedih.... kuciwa.... kaambek jeung sajabana.......

Pan urang wenang mun ambek.....sedih nyaeta kuciwa tea....gumbira....jeung sajabana, dapon kitu deui meureun urang oge wenang mitresna.....mikanyaah....micinta....

Ngan meureun memang dina prakna bakal beda jeung wanci pada-pada lalagasan......, kumaha cenah prakna ?..... etamah akang bakal langkung tingali, da pasti geus aya dasar papagon, papagon agama boh darigama-na.......

Tapi punten sakali deui kang kuring panjang cumarita padahal akang teh pan lanceuk kuring.....ceuk si otong nutup carita......

Hhhhhhuuuuuuhhhhhh........, kang didi ngarahuh bari nyarande kana bilik..... pok manehna nembalan...;
Henteu tong....henteu ngarasa dimomorekeun akang ku nyaneh euy....malah mah atoh akang teh....atoh pisan bisa boga adi kawas ilaing... jeung nuhun pangpangnamah

Tong .....geus peuting gening ieu teh....akang tiheulanya da pan isuk akang rek miang deui......
Mangga kang wilujeng leleson.... da abdi oge tos palay ieu teh......cek si otong ...bari sarua ngago;oyoh ka enggonna

Goloyoh kang didi asup ka kamer..... nutup reregan.....ngaleutikan lampu tempel nu di kaitkeun dina tihang deukeut jandela.....kang didi neuteup bantal nu geus katinggali kolot umurna.....didieu kuring baheula ku indung diparende bari didongengan sakadang kuya, sakadang maung.....aaaaaaahhhhhhh..... waas... kop kang didi kana bantal terus dikeprukan..... memeh ngagelehe ret ka tunjangeun risban....aya kaca dina luhur gupet.... jung nangtung bari nyenghel manehna ngaca najan teu pati jelas salian ti rada poek, oge kacana geus hebeul jadi teu pati jelas deui...., didieu kuring sok heheotan bari gumasep,,,,,, baheula.....

Dug.... manehna ngagoler .....ngaherang....naratas jalan panyawangan..... pagaliwota rasa jeung pikiran .......

Naha.....jeung naha......eusi pananya kuring idah.....lain naha kuring ngalaman kieu tapi naha baheula kuring teu wakca ka salira idah..... naha atuh idah....naha ? sugan urang bisa panggih dipangimpian idaaaaahhhh.......ceuk kang didi bari nyobaan peureum....

Subuh keneh kang didi geus hudang.....sanggeus netepan subuh.....manehna geus ngagosrek sasapu di buruan......bari mawa harepan bisa ningali ceu idah ngaliwat rek metik enteh.....

di...didi.....keun wae tong disapukeun....ke we ku bi inah.....ceu sora ti tepas.....
kang didi ngalieuk bari nembalan.....wios ma bari ieu olah raga....
angguran mah itu kopi bisi kaburu tiis....tuh di dapur meunang bi inah.....ceuk sora deui....
enya ma.....ceuk kang didi bari nunda sapu....koloyong manehna nyampeurkeun ka sora tadi....
abdimah waas ma....biasana pan wayah kieu sok rame ngaliwat nu rek metik enteh bari garogonjakan... tapi ayeuna mah teu aya ma geuning ....

hehehehe.... didi...didi....maneh teh nungguan si idah ngaliwat kitu ?

kang didi ngarenjag.... mun seug geus wanci beurang bakal eces beungeut kang didi beureum kaisinan....
barudak nu metik geus indit ti tadi....maranehna sok ngadon sholat subuh di saung kebon enteh.... ari si idah mah geus tara metik deui pan manehna geus boga pagawe.....
oh... kitu ma ?....
lain rek wayah kumaha ilaing indit teh jang ?
ah engke we siang ma.....mengok ngulon rencana teh, meh maju ka iyuh ma.... sok panas dina opletna.... ceuk kang didi nembalan deui...
ma abdi rek siduru heula ah bari ngopi......
hayu ema oge rek papagon ka mang minta.....engke di sawah nu babaladon mah rek digaringkeun, ema teh rek nyieun saung rada gede.....
bari nanggeuy cangkir kopi kang didi ningalian leuit nu baheula sok dipake susumputan.....
ma ari ieu giribig meni loba.....naha....keur naon ?
eta mah si sarjang....tukang giribig sok nitip di urang..... ider keuneun.... oh enya tadi teh subuh si sarjang nyokot satanggungan rek ngider ka cikeusik cenah mah..... manehna katalatahan ku ceu idah nanyakeun...kang didi rek mangkat wayah kumaha ... manehna rek mahanan enteh, ceuk ema teh can nyaho da kang didina masih shalat subuh....

baruk kitu nya ma.....terus kumaha atuh ?

heueuh ke urang talatahkeun we ka mang minta....memeh ka sawah nyimpang ka ceu idah....yen maneh rek indit wanci mengok....

kacaritakeun tengah poe....saba’da lohor....kang didi pamitan rek miang deui.....
ma.... abdi neda widi sareng pidu’ana....abdi seja miang deui... rek neang kipayah...
jung.... ujang kasep....gera buka deui jangjang....gesan waluya..... cing leber wawanen apanan ilaing lalaki.....bral mangkat....sing bisa mawa raga.... cig indit sing bisa mawa diri.....
du’a indung mayungan....du’a bapa ngamparan kana lengkah salira anaking....
kade poho kana papagon..... paniatan jeung ucap lampah kade pasalia.....
burung palung....bodo gelo.....indung tunggul rahayu....bapa tangkal darajat... kade ulah rek poho..... komo nyapirakeun.....
pangais asih..... sasampayan nyaah...salawasna mengkeut urang sanajan anggang..... bral rajaning ati ema gera miang.....

kang didi.....cirambay bari...nyium suku indungna, indungna ngarawu mangku....kana paniatan kang didi....
di....kade poho dagoan ceu idah tadi teh ceuk mang minta... rek nganteurkeun ka setamplat..... jeung si otong hampura cenah teu bisa nganteur..... kaditunamah naek sado we ke dikusiran ku mang manta nya....

muhun.....ma, tapi emang ceu idah rek nganteur kitu ?
enya....arek... tuh geuning geus jol.....
asalamualaikum......ceuk ceu idah....barang nepi ka tepas imah kang didi
waalaikum salam ceuk kang didi jeung si ema....
ceu idah... disamping rereng make burukat bari buukna digelungkeun.....
atra...geulisna masih ngagurat dina raray nu geus teu ngora deui.....
kang didi bangun rampang reumpeng waktu patarema leungen sasalaman......
geuning....ngersakeun salira jajap... idah ? ceuk kang didi teu kawawa...
bri semu ngaharewos ceu idah nembalan ...puguh kang....tisaprak kamari kuring teh...............
(.....HANCA)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar