sawatara waktu katukang mangsa rek diterapkeun kompor gas.... kungsi kajadian langka minyak tanah, ampir disakuliah nagara..., ka asup oge kalemburna ceu hilda
ceu hilda...atuh ngarasa lieur neangan minyak nepi ka tiap lembur...., da ari ku suluh manehna geus teu mampu ngala suluh ma'lum geus rada rerempo...
dina ngider neangan minyak kungsi ngulampreng ka lembur kuring....
"timana...ceu ? eta meni luut leet kesang..." ceuk kuring nanya basa panggih manehna keur ngiuhan dapuguh poe panas moreret...,
"puguh keur neangan minyak tanah hese pisan... kasep." ceuk ceu hilda bari menrkeun tiung andukna nu rada ngaleklek... bari terus mageuhan samping jangkungna...
"kieu ceu... mun percaya jeung pengkuh nyekel rusiah.... kuring bisa mere bongbolongan..."
"kumaha....????"
"tapi ieu rusiah...jangji moal betus ?"
"naha ?"
"sabab lamun kapanggih ku pamarentah bakal unggah balewatangan..., jangji moal ?"
"moal... sok atuh, sugan we euceu... bisa rada tingtrim"
"heug....kieu ceu, minyak tanah bisa dijieun tina cai hujan....ngan memang kudu cai hujan teu bisa nu lain !"
"terus....???"
"ieu ku uing geus diajaran.... alus ngan memang aya beda saeutik wungkul..."
"terus... kumaha burukeun atuh..."
"eta cai hujan asupkeun kana botol nu warnana hejo... teu meunang nu lain sabab eta reaksina didinya, terus dikubur... salila 90 poe, teu meunang leuwih komo kurang.."
"bener ieu teh kasep.... ???"
"bener ceu...!!" ceuk kuring...
"euh....atuh hayu ah euceu rek neangan botol jeung cai hujanna.... nuhun nya... keur kasep teh bageur tur pinter ari ilaing, euh.....gayaaaa...." ceuk ceu hilda bari nangtung jeung make nyawel gado sagala teu poho dilakna....
******
kacaritakeun poe ka 90 ceu hilda datang ngondang maksudna rek ngaludang eta botol eusi cai hujan nu dikubur tea..., sanggeus kabehanna di ludang, sabotol dibawa ka imah bari bangun reueus tur bagja da pikirna moal bakal susah minyak deui
"cik urang ajaran kasep..."
"sok ceu.... ngan paling beda saeutik wungkul gera..., baenya da teu meuli ,modal botol wungkul apanan..."
"heueuh bae lah... kumaha bedana teh ?" ceuk ceu hilda bari jongjon ngeusi komporna...
"bedana saeutik ceu ARI MINYAK TANAHMAH DI SUNDUT TEH HURUNG, TAH ARI IEUMAH HANTEU...."
*****WATIR CEU HILDA 90 POE NUNGGUAN PEUYEUM BOTOL********
Tidak ada komentar:
Posting Komentar