Sawatara waktu katukang, di hiji lembur aya rampog keur maling ka hiji imah, manehna labuh murag tina palapon imah nepi ka dibawa ka rumah sakit
si rampog nungtut kanu boga imah sabab ceuk manehna alatan nu boga imah teu mariksa palapon, manehna cilaka dina ngalaksanakeun tugas;
"aing teu suka ka sia sabab imah sia bobo jadi aing rek ngadu ka pangadilan, imah sia geus ngajadikeun aing cilaka dina tugas" ceuk rampog bari nulak cangkeng
Nu boga Imah teu eleh tarik nyentak .." naha ari sia aing teu sieun, sabab aing teu salah, hayu rek padu dimana oge, diladenan ku aing...."
singket carita bral maranehna ka balewatangan (pangadilan) naek oplet
di pangadilan
Hakim : aya naon ieu teh ?
Rampog : pa hakim kuring rek nuntut nu boga imah ieu (bari nunjuk kanu boga imah) sabab kuring keur ngarampog labuh nepika dirawat di rumah sakit, ku kituna eta nu boga imah kudu dihukum
Hakim : ke...ke...ke... memeh di cek saha nu salah, ieu hukuman hayang hukuman kumaha tah....
Hukuuum gantuuuung...... ceuk Rampog jeng nu boga imah apir bareng....
Hakim : okeh lamun kitu, cik maneh saha ngaran teh (bari nunjuk kanu boga imah)
"abdi dadang pak hakim " nu boga imah ngajawab
Hakim : Bener eta nu sebutkeun jeung dituduhkeun ku rampog teh ?
Dadang : salah pa hakim etamah ngarang, bari muncereng ka rampog terus ngomong kuring teu salah siah dina hal sia labuh, nu salahmah tukang kai numasang palapon siah....bebel (make bebel sagala saking ambek)
Hakim : algojo panggil tukang kaina bawa kadieu ayeuna keneh ?
"mangga juragan hakim....." ceuk algojo bari terus ngagidig rek nyokot tukang kai
barang geus datang eta tukang kai, hakim nanya
Hakim : hey tukang kai bener silaing masang palapon elewodeh nepi ka rampog murag keur tugas, lamun bener maneh kudu digantung !
Tukang kai : eh teu pisan2 juragan hakim, etamah lepat ceu oneh tatangga nu boga imah naha make baju kayas, jadi abdi keur maku manehna ngaliwat ahirna maku teu bener.....
Hakim : ohh.....(bari ngahuleng) mun kitu nu salah si oneh tah.....ALGOOOOJOOOO datangkeun si oneh kadieu.... ayeuna urang gantung....
sanggeus datang ceu oneh,
Hakim : ALGOJOOOOO....gantung si oneh ayeuna keneh...
Algojo : mangga juragan hakim.....hayu sia oneh sia ku aing di gantung sabab sia make baju kayas jadi maku tukang kai teu baleg....siaah
Ceu oneh : ke heula juragan algojo......., juragan hakim abdi teu salah, nu salah mah tukang celep.....
Hakim : Naha ?
Ceu oneh : abdi pesen nyelep baju hejo naha jadi kayas.....
Hakim : heueuh nya...euy da lamun bener nu nyelepna mah moal make baju kayas......., ALGOJOOOOOOOO! gantung tukang celep....
Algojo indit....nyokot tukang celep, hayu sia kapangadilan ayeuna ku aing rek digantung
Hakim : bener sia salah nyelep pesenan ceu oneh ? pesen hejo jadi kayas ?
Tukang Celep : leres juragan...
Hakim : nya aing tea hakim nu adil bisa manggih nu salah sarta mere kaadilan ka sadaya, bari nyerengeh......SANES KITU BARAYA ?
Hakim : ALGOJOOOOOO.....gantung ayeuna keneh tah tukang celep
Algojo : mangga juragan hakim
eta algojo ngagusur tukang celep ka tihang gantungan sabab salah nyelep baju ceu onah kuduna hejo jadi kayas....
Hakim : algojo geus modar tukang celep teh ?
Algojo : teu acan gan sakedik deui...
Hakim : Heug.....cing alus tur tegep euy ngagulantungna nya !
Algojo : enya gan, gan sae mana digantung sukuna atawa sikuna...
hakim : ari sia jo.... jo.... belegug pisan atuh biasa beuheungna maenya bujurna siah....
sa jam geus kaliwat eta tukang celep teu paeh-paeh, hakim nyampeurkeun ka tihang gantungan.....
Hakim : Joooo....jooo..Algojo ges paeh acan ?
Algojo : "acan gan...." ceuk algojo bari haruhah harehoh....luut leet kesang...
Hakim : kunaon sia teh belegug ?
Algojo : Tukang celepna jangkung gan, jadi ngagangsur....., sukuna ngagapuy.... digantung sukuna sirahna ngagapuy gan kim..... digantung cangkengna kalahka nyeri beuteung cenah gan.... duh... puguh hese yeuh gan.... aduh.... aya disarungan... teu ngagapuy kalahka kerek gan....
Hakim : Dasar algojo BELEGUG siah........tinggali aing CERDAS...
Algojo : kedah kumaha atuh gan
Hakim : ah nyaan belegug sia mah, neangan atuh tukang celep nu pendek belegug...
Algojo : oh enya nya....nyaan agan pinter, ku abdimah teu kaemutan...
algojo indit bari marahmay neangan tukang celep nu pendek, sangges menang di bawa ka tihang gantungan.....
samemeh di gantung hakim nanya
Hakim : Silaing nyahao pangna poe ieu di gantung
Tukang celep : Duka gan hakim
Hakim : sabab silaing PENDEK.... meh teu ngagapuy siah
pok deui hakim " tah balarea ayeuna kaadilan geus di tegakkeun di nagara urang, naha kaputusan kami adil ?"
Balarea : adddddddiiiiiiillllllllllll.............(heueuh kitu euy, teuing atuh, siga di lembur tatangga nya euy....hus siah ulah asal ngomong komo sia pendek babarieun siah digantungna)
haaarrrrr.......
(tukang giribig)
ti kang aang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar