“saha ngaran...?” ceuk pulisi
“oooo....oooo...ddddaaang, pa...”
“umur....?”
“saur pun bapa sareng jeung pelak kalapa di legok loa... anu di tetelar juru palih kulon... pak, da saur pun bapa oge basa abdi lahir anjeuna teras melak kalapa eta”
“UUUMMMMUUURRR sabaraha odang ?”
“mu..mu..mu..hun sakitu saumur sareng tangkal kalapa...”
“lieur siah ah....”
“tempat lahir....?”
“babakan carita....”
“tanggal lahir ...?“
“dua likur”
“bulan...?”
“April....”
“taun....?”
“lima lima pak....”
“jadi umurna sabaraha maneh dang...?” pulisi nanya deui panasaraneun
“muhun saumur kalapa tea apan...”
“sersaaaaan,,,,,!!! itung keun tah....!”
Harita..... mang odang keur dipaluruh katerangan pakait jeung aya nu ngunclungkeun maneh ka sumur mang odang. sababaraha kali kana sumur eta aya nungunclungkeun maneh, jeung geus sabaraha kali oge mang odang dipenta katerangan kawas kieu. Kajadian dikantor pulisi tadi anu katilu kalina. Kabeneran tina tilu urang nungunclungkeun manehteh, kabehanna harirup deui
Sarengsena dipariksa.... mang odang ngagidig balik bari mawa kaambek....”mending sakalian teu harirup deui tah nungunclungkeun maneh teh ahhh....” ceuk pikir mang odang
Samemeh nepi ka imah mang odang ngahaja nyimpang ka mang akim nu pernah ngunclungkeun maneh ka sumurna
“lain....kim, maaf ari maneh kumaha basa ngunclungkeun maneh teh euy...”
“atuda kuring jangar ku ka.....” mang akim teu kebat kaburu ditempas ku mang odang
“lain kim...lain.... urang mah lain hayang nyaho sababna... ngan hayang nyaho naha maneh hirup deui ?”
“kieu kang...kuring ngunclungkeun maneh teh geus ngaliwatan proses nu matang... lain ngan ukur coba2 kang”
“baruk....!!!! terus...”
“kuring asalna ngagantung maneh tapi teu paeh....”
“naha...?”
“talina pegat.... da make bola kaput...”
“sia... urang serius kim, sabab urang embung urusan jeung pulisi deui... leuheung mun paeh....” ceuk mang odang rada ambek
“bener kang tah tidinya.... kuring ngerelepkeun maneh.... tapi nyakitu teu paeh keneh..”
“naha....?”
“ emberna kaburu peupeus... kang odang”
“sakim memeh dewek nyabut bedog yeuh ... nyarita nubener siah...!!!”
“tah kukituna kuring mikir alus lamun ngunclungkeun maneh di sumur akang “
“naha geuning hirup keneh, kim ?”
“basa kuring geus tikecemplung...dijero sumur, dewa datang terus nitenan ka kuring..”
“Dewa nitah nongeng ka kuring... sanges nongeng ana habek teh kuring ditalapung.... suganteh rek ditalapung ka surga, ari teun ditalapung kaluhur deui kang...”
“naha ilaing teu nanyakeun ka dewa, sababna naon ?”
“enggeus kang kuring bari ngalayang nanyakeun “
“naon cenah ?” mang odang panasaraneun pisan
“ceuk dewa sabab sendal kuring ramiping ku taneuh beureum “
“oh jadi eta sabab na nya...... nuhun kim” ceuk mang odang bari terus ngaleos maksud rek nyimpang oge ka si eruk nu pernah sarua jeung mang akim
Ti si eruk mang odang meunang jawaban nu sarua....
“kapanggih siah akar masalahna tah.... aing tea jago problem solping....” ceuk mang odang
Nepi ka imah manehna langsung kana koropak mawa cet... jig kasumur gutrut manehna nulis
“MAAP SANDAL BUKA”

Tidak ada komentar:
Posting Komentar