Sabtu, 27 Juni 2009

******SINDUK BUTUT*******

Mang Sukur...katelah jeung kasohor tukang jualan suluh....

Hiji mangsa mang Sukur balik ngala suluh jeung rek terus diiderkeun di kota...., keur jongjon nanggung... ngadadak sukuna titajong... nepi manehna ampir labuh....

barang disidik2 nukatajong kumanehna teh 'sinduk butut'.... bari rada humarurung eta sinduk ku mang Sukur dibawa ka kota...

Nepi ka langanan suluh.....'Cep sakantenan atuh ieu artosan sinduk....emang nembe mendak di jalan..' ceuk mang Sukur ka juragan suluh nubiasa narima suluh manehna....'wah mang keur naon nu kitu euweuh hargaan, tapi coba mang bawa ka kolektor..katinggalina geus umuran tah sinduk..' tembal bandar suluh



Mang Sukur ngagugu kana panitah bandar suluh, eta sinduk dibawa ka kolektor..... 'cep cing ieu artosan sinduk amang...' ceuk mang Sukur sanggeus nepi ka kolektor.....'cikan mang ningali.....mmmmmhhh....paling bisa 250rebu mang..'

Mang Sukur ngarenjag....'gening aya hargaan..' gerentesna 'mangga cep teu sawios...' ceuk mang sukur...

Sanggeusa narima eta duit mang Sukur ngagidig bari mikir rek dibeulikeun naon eta duit.... ras manehna inget di imah teu boga risban tempat sare...salila ieu... sare ngampar dina tataban...

Ah rek meuli kai urut....keur risban bae rek dijeun kusorangan jeung sugan aya sesa kaina rek dijieun lomari kajeun leutik oge.....pikir mang Sukur bari ngagancangan lempang muru ka loakan kai....

'Tah nu eta kabeh....sabarahaeun ?' ceuk mang Sukur ka tukang loak kai sanggeus nepi di los loak kai..., '250 rebu mang....' tembal tukang loak
kabeneran.....sok lah jadi ceuk mang sukur bari ngasongkeun duit ladang sinduk tea....

Eta kai ku mang Sukur dipanggul.....bari atoh sabab rek boga risban jeung lomari, ditengah jalan aya nu ngageroan....'mang...mang...kadieu heula....eta kai bade di ical ?' ceuk nu ngageroan..., horeng eta nu ngageroan teh pangrajin ukiran....manehna surti pisan kana eta kai...kai alus tur langka..

'Mangga cep....naha wantun ssabaraha ?' ceuk mang Sukur bari nyampeurkeun.....

'kumaha mun sajuta.....' ceuk tukang ukir

'alah aya hargaan...tapi kumaha risban yeuh....' gerentes mang Sukur,
'kieu cep saleresna mamang teh peryogi kanggo ngadamel risban sareng lomari, kumaha nya ?' ceuk mang sukur nembalan

'kieu we....pek emang milih....risban jeung lomari nu aya didieu....tukeur guling we, kumaha ?' ceuk tukang ukiran...

'Mangga atuh pami kitu mah... ngan emang nambut roda kanggo nyandak, ke enjing ku emang diwangsulkeun'......ceuk mang Sukur

'pek mang....' ceuk tukang ukir.....

Mang sukur ngadorong roda nu eusi risban jeung lomari....
mangsa ngaliwatan imah nu anyar dipindahan mang sukur aya nu gareoan deui wae.....

'Mang....mang...kadieu....Mang....eta lomari sareng risban bade di ical ? abdi peryogi..." ceuk nu ngageroan.....

'Alah ku alus milik pisan ieu poe....'pikir mang Sukur bari nembalan..." mangga neng wantun sabaraha eneng...'

'dua setengah juta wenya sadayana....'

'mangga neng....'

sanggeus narima duit jeung malikeun roda ka tukang ukir mang Sukur ngagidig balik... 'bisa kabeh atuh, risban, lomari bisa kabeuli ditambah bubutuh laina.....' pikir mang Sukur..

bari heheotan mang Sukur ngagandolkeun duit 2,5juta nungahaja dipisahkeun dina kaneron....da ari ladang suluhmah disakuan...

barang rek hanjat kana golodog....teu kanyahoan aya rampog...nu nodongkeun balati....bari pokna.. 'bikeun kaneron eta atawa silaing bakal cilaka..'

kungsi parebut mang Sukur jeung eta rampog.....nepi ka labuh malah mang Sukur.... antukna kaneron benang ka rampas ku rampog nu terus kabur....

sora tihothat mang Sukur jeung rampog.....jaba sora labuhna mang Sukur.... ngagareuwahkeun nu di imah...
torojol pamajikan mang Sukur....

'Naon kang aya rampog ?'

'Enya nyi...'

'Teu nanaon akang...?'

'Alhamdulillah heunteu....'

'Naon nu ka rampas..?'

'AH NGAN UKUR SINDUK BUTUT....ETAGE PAMANGGIH TADI DI JALAN'


(keur naon......tilelep dina sagara kasedihan....)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar