Sabtu, 27 Juni 2009
NGAMIMITIAN...
tah ah....kanu sok sms atawa ngirim email ka uing.... ceuk kuring dina jero hate basa papuket nyieun ieu blog....atuna arikitunamah kuring teh urang lembur bau lisung... dipenta (sok ditatanyakeun wae) alamat blog, apanan wawuh jeung komputer oge karek kamari isuk....
da emang ari kitunamah rada risi miminengna... sok loba nu menta alamat blog, keur naoan atuh euy... naha perlu kitu... ari blog teh naoan atuh pan uing mah nyahonage ngan ukur nyadap ceuk kuring hiji waktumah ka budak ngora nu keukeuh mementa, anapok teh matak reuwas... kang uing pan sok nelepon sms atawa ngirim surat ka email.... tah bisi akang ripuh, sok sagala ideu atawa pandangan teh di tulis dina blog.... ceuk manehna meni pertentang....
kuring kungsi ngangles....obrolan atawa surat nu mana euy..... alah batan bisa ngayakinkeun malah leuwih panjang omongan manehna.... da rarasaan mah ngobrol kitu kitu keneh, ah eleh deet... pas uing ulin di palembang tah ayeuna nyempetkeun nyieu wewelek blog teh....
nyanggakeun ah sae mah henteu dalah teu butut butut acan.... tapi nuhun ka si ujang nu mamaksa....
ke eusinamah urang mikir heula jang euy... rek dieusian naon da meureun ari eusi jublegmah moal bisa....
salam
Tukang Giribig
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar