Minggu, 28 Juni 2009

BASA HATE AYA RASA KATRESNA (1)


ampun inggis ieu rasa teh ngan ukur lelewa
inggis kecap ieu teh matak jaheut manahna
tapi diri geus lengit lilingeranna
naha...

raga nyata kasiksa, diri lir dipeupeurih, padahal can tangtu....
ah.....boa..boa...

udu kumaha, kudu kasaha gesan muntang...
ulah ragrag....

kasaha nya gesan nanya, 'naha salah aya rasa deui....?'


lilingeran gera datang baturan ieu kuring...
pangjagakeun bisi kuring ngalengkah kanu geus aya nu boga....

basa teh pancuran, teu nyieun cai herang atawa kiruh, kumaha sungapan kumaha sumberna......tah dina danget ieu hate simkuring ngocor keun : mugia ulah rengat nya panggalih, teu maksad ngamomorekeun komo ngahinakeun, tapi dakitu : nyanggakeun....:


nyawang langit ku rasa cinta, jungjunan, estuning teu karasa. Urang uplek silih teuleuman rasa, urang ngencarkeun katresna, kokojayan dina ulekan kanyaah. Ari wayah teu dipirosea, terang-terang sang surya ngalayang murag ka jurang sareupna.

terang-terang layung geus hurung. Mancur lir emas sinangling, lir teja gumilang. Eta sumirat layung, jungjunan lir cinta urang duaan, hurung mancur ngahibaran sukmaning asih!

Jungjunan, sing tibra, sugan sukma kumalayang, ngalalakon dina impian asih, hiji adegan cinta urang duan. Da Engkang mah asa gulinggasahan, jungjunan! Emut wae ka salira. Salira bet kapiraray bae.


(punten kanu kantos nampi serat ieu ti TUKANG GIRIBIG)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar