Sok jang eta gera ieuh di baturan ku beuleum sampeu tah menang ti kebon, tadi eceu ngarabut satangkal...., sok nyai kadinya diasaan bari ngareret ka pimajikaneun si uing.....sok kang saaya2 lumayan we tamba peurih patuangan, bari imut ngagelenyu neuteup kang didi nu tuluy tungkul.....ceuk ceu idah bari mairan beuleum sampeu tilu gelempeng.....
Nuhun ceu....puguh bieu teh si uingmah karek murak bekel di saung talahab, bancakan jeung si nyai....satadina suganteh eceu didinya da biasanamah eceu sok murak timbel didinya oge lain ?.....ceuk kuring bari ngaregot kopi... puguh kitu teteh....abdi oge nyangki teteh aya di saung..... ceuk sinyai mairan
Tuh...tuh...naha apal sagala ka saung talahab jang ceuk kang didi...., bangun kaget....
Apan biasa didinya pangreureuhan mah kang nuraos tur tumaninah....ceuk kuring...., cing ceu aya paneker atawa hawu hurung keneh ? ieu aya ududeun bako mole tadi ti si aat mekelan....tapi panekerna euweuh.....cek kuring bari ngusiwel nagluarkeun bako mole....
Akang bade....? ceuk kuring nawaran ka kang didi, moal jang akang mah puguh geus eureun udud...pokna teh....
Eureun udud, ereun meuli kang ? ceuk neng dede bari nyerengeh.....husss ariteun teh....., kayungyun kang didi mah ceuk si uing rada muncereng ka pipamajikaneun.....
Puguh pan akangmah sok turun ungah naek jang jadi rada ngahegak mun udud teh komo bako mole mah.....
Ehem...ehem...make turun unggah sagala ah si akang....ceuk ceu idah bari imut,
Eh naha marukana kitu.....teu kebat kang didi nempasna,, tapi teuteupna tetep anteb ka ceu idah......
Nyaan iyuh...teuteupna.....ceuk kuring ngagerentes........
Ah siakang mah......., jang tah kang didi teh batur eceu di eser (SR) pedah memang beda kelas....ceuk ceu idah ka kuring jeung neng dede nerangkeun saha kang didi....
Lajeng ceu !....ceuk neng dede nempas...
Baheula kang didi jagoan maen kacapi......lamun manehna geus ngajemprak hareupeun kacapi moal aya anu wani ninggalkeun....samemeh rengse....atuh gera jang...jentringna teh meni nyecep kanu sanubari.....ceuk ceu idah bangun sumanget
Ke...ke....eta nu alusnateh kacapina atawa tukang kacapina ceu......? ceuk kuring, hus cicing siah..... ceu idah muncereng bari terus nyarita;....eceu resep pisan tah ngan padah manehna teuing kumaha teu apaleun ka eceu, teuing jual mahal meureun.....heuheuy deudeuh....baenya da etamah baheula
Kang didi ngan ukur imut.....
Malah kungsi bobogohan jeung ceu bi’ah....apal ujang ceu biah ? ceuk ceu idah
Henteu jawab kuring...., eta ceu bi’ah tukang nginjeum2keun pare tea geuning....biasana manehna sok nguriling kadieu, malahan wayah kieu biasana sok ngadon reureuh di dieu jang....ceuk ceu idah bari rut ret ka buruan susuganan meureeun ceu bi’ah aya ngulampreng ka dinya....
Tuh geuning jang bener aya..... bi’ah...bi’ah kadieu gera ieu aya saha ! ceu idah ngageraoan
Nudigeroan nyampeurkeun.....
Alah geuning rame...aya saha wae aceuk ieu teh.... ceuk ceu bi’ah nanya ka ceu idah
Ieu si ujang tukang giribig, ieu pipamajikaneunna, tah mun ieu mah pek we ku iling telek-telek saha ..... ceuk bi idah bari seuri....
Ke..ke..ke...ieu kang didi ? tukang kacapi di sakola ?.....nu loba kabogohna ?....nu....teu kebat ceu bi’ah nanyana kaburu ditempas ku ka didi......heueuh kuring didi....ngan lamun nyebut loba kabogoh sigana salah nu bener loba nu mikabogoh .... ceuk kang didi bari ngabarakatak....
Mmmmhhhh waas nya jero hate si uing ninggali nu uplek ngobrol...bari kareret ku juru panon ceu idah kadang2 neuteup anteb ka ka didi....seukeut tah teuteupan teh ceuk kuring dina hate....
Ke..ke..ke...kang kumaha lamun ayeuna itung2 nostalgia urang ngawih babarengan....naon we lah rek cianjuran atawa pupuh....urang sabulang bentor we yu....da butut2 mah uing aya kacapina.....
Hayu..ceuk ceu idah jeung ceu bi’ah ampir bareng....
Kieu....lain teu hayang akang jang....ngan ieu diimah rek aya hajat...puguh hayangna mah nataku....keun we iraha deui....malahan ieu oge akang rek pamit bisi nu di imah ngadaragoan....ceuk kang didi
Ke heula akang.....rek kamana.....ceuk ceu idah bari meureun teu sadar muntangan leungen kang didi bangun nu hanjelu...
Da kumaha atuh ceu....lain teu sono ngobrol...komo ieu bari balakecrakan, apanan salian aya hajat teh kuring loba hanca alaeun kalapa....ceuk kang didi kusora nu beurat bangun nahan rasa nu teu kawawa....
Nya atuh ari kitumah abdi ngiringan.....ceu ida nembalan bari ngaheruk...., ke atuh sugan aya sado ngaliwat bisi akang telat.. pok deui ceu idah
Sarerea ngan ukur bisa ngahuleng ninggali ceu idah nu ampir sumegruk......
Sigana hayangeun ceu idah ngagabrug kana dada kang didi bari ngaharewos....nu teu apal naon nu rek diharewoskeun....., sigana hayangeun ceu idah maseuhan dada kang didi ku cai mata ka deudeuh...sigana hayangeun, sigana hayangeun ceu idah nyekel leungeun kang didi ku pereketna katineung......aaaaaaaaaaahhhhhhhhh sigana...............
Kuring ngaharewos ka pipamajikaneun.....neng....akang hayang narima kaasih siga kitu.....neng akang hayang ngeupeul ka geugeut siga kitu........neng akang hayang...........
Sajongjongan simpe siga gaang katincak.....masing2 pagaliwota kupikiran sewang2an.....
Ehem.....kang pami teu kaabotan mah hayu atuh di jajap ku abdi da itu aya sado paranti narik giribig memeh di iderkeun.....ceuk kuring mepes kasimpe
Moal ngaripuhkeun jang....ceuk ceu idah bari mencrong...
Moal ceu.....hayu atuh, ngan ulah moyoknya da ieumah sado nu kudana begung maklum nubogana tukang giribig ah....ceuk kuring
Bring...harita kabeh miang bari tetep teu pati berag.....iwal ceu bi’ah nu teu ngilu da cenah rek terus ngider......
Memeh nepi ka imah kang didi sempet dahar beuleum daging kelenci heula di pupudunan.....
Nepi ka imah kang didi....beuki karasa...kusarerea.....balilihanna hate ceu...idah....bari teu kedal oge...., ngagerina hate kang didi pon kitu deui karasa kusarerea.....
Teuteup nu antebna ceu idah....teupetot2 bangunn gaguliksek ...nyusud...maluruh...jeung ngagedoran.....panto hate kang didi
Pon kitu deui...teteup deudeuh nu iyuh ti kang didi....teu weleh....mayungan di barengan imut nu teu petot2.....
Nuhun....cenah....sarerea ngan ukur bisa ngomong kitu bari patarema leungeun....sasalaman......
(hanca keneh...........)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar