‘ke..ke.. naon, kumaha? oooohhh.... apanan teh hilda teh awewe nu perkasa, geulis, loba akalna jeung bedas... tong boro ngan ngabenerkeun kenteng... najan amparan jagat atawa hateup dunya ge sigana mun kongang bisa diomean, tapi nyakitu sarua manehna ge boga rasa boga hate.... sakapeung sok bijil awewena nu hayang dipupusti... diragangan.... biasa laaaaahhhh.... seperti umumnya wanita kitu tah.............. ***enya..enya.. geus bisi asa kapujinya***
Di tepas si Gery keur lalangiran bari maca taman pamekar..... si Gery budak bageur ngan rada saliwang...
‘kumaha....? oh Gery... Gery teh anak tatanggana.... bageur pinter lucu daekan.... padah hideung wungkul....awak bangbang....ngan padah awakna kabeh cangkeng wungkul.......(lumayan rada puas...geus ah)’
“jang.....jang...jang....” ceuk Teh Hilda ngageroan si Gery...
“kulan Teh....” tembal si Gery
“pangnyandakeun palu....kasep sodorkeun kadieu.... ka Teteh da bageur Gery mah”
“enya Teh..., eh naon Teh ?”
“palu jang....”
“oh enya... Teh....”
“ kasep....enggal nya...”
“enya Teh....eh naon Teh...?”
“eeeengngngggaallll....” ceuk Teh Hilda rada ngagorowok
“Enya..Teh, enggal nya..... kasep”
“enya....”
“Teeeehhhhh..... dimana nyimpena ?”
“di dapur handapeun rak, dina koropak..” ceuk teh hilda di para
“Enya...Teh, eh diamana Teh”
“Daaaaappppuuurrrr.....”
“enya Teh...”
Beretek Gery lumpat.....
“aya....jang....?”
“ke teu acan.....”
“tah dihandapeun rak....jang”
“enya Teh...”
“aya....jang....?”
“ke teu acan Teh”
“ujang dimana ?”
“enya Teh..”
“uuuuujjjjaaaangngng... dddiiii maaannnaaa ?”
“enya Teh..... di kasur...”
“lllllaaaaaaiiiiinnnn diii kaaaassssuuuurrr Geeeeerrrrryyyyyy.... di daaapppuuurrrrr”
"enya Teh.....”
Beretek Gery lumpat kadapur....
Teh Hilda eleh deet nonghol tina liang para....nyidikeun si gery angkohan supaya teu salah nyokot ma’lum budak saliwang tea....
Sei gery bari ulangah elengeh...kop kana mutu... bari ngagerewek bangun atoh... pokna :
“ieu teh....atos kapandak..” ceuk gery bari nyodorkeun mutu...
“lain M U T U.... tapi P AAAA L UUUU.... PALU... PALU...PALU....” ceuk teh hilda bari muncereng...
Sigery mata simeuteun, sieun.... bari... beretek deui kana rak...
“ieu teh...?” kop geri kana piring
“lain....”
“ieu teh...?” kop kana pisin...
“lain.... addddduuuuhhhh..... geryyyy .... lain eta..”
“naon atuh... pan tadi ceuk teteh PALU uing mawa MUTU salah....jadi naon atuh....?” ceuk sigeri bari rada rerempodan...
“heueuh.... eta... GERYYYYYYY.... tuh nu itu, lain... lain nu eta geri tuh nu itu....” ceuk teh hilda bari tutunjuk....
“ieu .....teh ?” bari kop deui kana mutu....
“heueuh eta.... BAWA kadieu....” ceuk teh hilda bari nyorosod turun tina para....
“ari teteh kumaha ? cenah PALU GEUNING MUTU.... naha keur naon MUTU...?” ceuk si gery siga nu hemeng....
*****“KEUR NGETROK MANEH......”****
(TukangGiribig)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar