Minggu, 28 Juni 2009

ISUKAN REK MILIH ASSSSIIIIIKKKKK EUEUEUEUYYYY......



Sore ieu bagja pisan sabab isuk rek milih.... "naha ?" muereun cenah aya nu nanya,
sabab waktu saptu kamari kuring.... dilembur isuk2 keur nyuruput cai kopi bari dipepende lagu... kabogoh jauh ti juragan darso, nyarande kana ulen...ampir nyuksruk, diseundak ku jisamsu.... asa nikmat pisan...

"asalamualaikum...."

"waalaikum salam" ceuk kuring bari cengkat tina jojodog....., aya nonoman duaan...

"geuning bapa aya didieu.....?"

"bapa siah....sakieu ngora keneh... buuk ge tuh parondok keneh..."
"aya naon jang " ceuk kuring...

"ieu pak dinten ieu aya gerakan gotongroyong ngadamel TPS kango pemilu.....abdi bade nyuhunkeun sumbangan kanggo roko sareng kopi.."


"naha menta ka kuring ?

"bilih apa teu tiasa ngiring ngala awi atanapi ngiring damel.."

"ari silaing naha....ander estimet ka kuring, ngala awi mah pagawean dewek sapopoe euy pan kuring teh tukang giribig"
"tapi masalah ududeun heug....jeung kopi malah cipanasna oge..... tapi kuring rek ngiluan gawe nya"
ceuk kuring bari singkil ganti calana jeung baju da tadimah baju jeung calana ngahiji (sarung)

singket carita....kuring ngilu...ulubiung siga nu heueuh.....nyieun TPS di buruan pa odang

pa jenal jeung pa erwe paciweuh...tutunjuk, kurang kaditu....kurang kadieu....sodorkeun awi...., tarik tambangna....korsina didieu.....eta....son cek.....jeung rea-rea deui....

"wios....a keun ku apa bilih raheut.." ceuk pa udin basa kuring keur ngahua pitalieun....
"ah...uing ge bisa atuh pa..." ceuk kuring...."wios2 ku apa..." pokna deui.... "enya atuh..."

"awi kurang euy... ngala ti teun bah daya we meh deukeut...." cek pa erwe....

"kurang sabaraha pa..." ceuk jang awan batur kuring sakola di sd, "opat leunjeur deui we jang"

bring tiluan...indit, kuring gancang ngilu.....'a tong ngiring bilih kacugak...wios didieu we' ceuk jang awan ka kuring
"aduh....maneh jang jang ka aing....hehehe, bari eta lemes kitu, biasa atuh euy kawas baheula we basa urang silih lelepkeun di leuwi siah ah...." ceuk kuring bari seuri "heueuh hayu atuh....."

balik tas ngala awi....nu nyieun TPS tambah rame, barudak lalulumpatan....barudak esmp esema mimiti daratang ngilu ulubiung.....bari recet..

"lariren.... heula .....ieu aya emameun..." direret mah emay mawa baskom eusi kulub hui...., jol deui ceu nanih mawa teko dua dituturkeun ceu yasih nu nangeuy boboko eusi gelas.....

"ke..ke..ke...tong waka ieu tungguan.... aya uras..." ti beh lebak ngagorowok sarerea ngareret... ma ukus nyuhun boboko eusi uras....budakna mawa kurupuk sakarung....

"euy...ereun heula...euy...." pa jenal ngagorowok

sarerea...muru ka handapeun tangkal mangu da dahareun ditunda didinya......

"bebenyit....mangke heula siah....nudigarawe heula nyaho....!" pa erwe...ngagerewek...

"bae atuh pa da uing oge miluan...." ceuk si enceng budak umur 10 taun, bari ngareret ka pa erwe

"ah ngilu naon silaing ceng...",

"ngilu nyieun jeujeur....."

"ah silaing mah.."

"wah kurang euy sigana dahareun teh....ieu tuh da bebenyit ngilu ribut wae, cing atuh bapana ngarti montong mamawa barudak....nyaho rek digawe..." ceuk p erwe

"we.... budak silaing sabaraha tuh lima siah....panglobana.." ceuk mang akim bari nyengir

"heueuh kitu ?...na ari silaing teu ngilu ka ema, pan ema ka ondangan..." ceuk pa erwe bari seuri maur jeung melong kabudakna.... bari pok deui "tapi....kim...lamun nulain teu mawa budak pan ngan ukur budak dewek wungkul lima siah euy....moal kawas kieu meni retey ...."

"aahhh...alesan ilaingma we....., mana ududna we..." ceuk mang rakim

"heueuh...tuh euy...diteras.... jang "

"we loba euy...geuning.....alah....garpit we...garpit, kabeh garpit.....moal ngalinting euy..."

"nu bener silaing..."

"bener we garpit dua slop euy....tisahanya, da teu mungkin pa acu mah..., bagikeun nya !"

"mingeus....siah ah...dieu ku dewek..."

"erwe....baleg atuh euy....montong dibuka hiji2 siah....geus sabungkus ku duaan atawa tiluan kitu atuh we..."

"eh...keur engke euy...peuting pan ieu teh kudu dijaga ari silaing..."

"engkemah menta deui we....jang ti saha ieu ?" ceuk mang rakim ngalieuk ka jang uud nu tadi kapeto mentaan sumbangan ududeun

"ti itu....." ceuk jang uud bari nunjuk ka kuring..... kuring nyerengeh

"yi nuhun katampi yi..."ceuk p erwe bari ngabagikeun udud...
'sami2 pa.." ceuk kuring

"we kumaha ieu dahareun geus erep euy...." ceuk pa jenal nu pakupis ngabagikeun dahareun

memeh p erwe nembalan...aya nu ngagerewek...

"tenang....tenang...sodara2 aya otoy....."

kabeh ngabarakatak ningali si otoy....manggul carangka eusi kulub jagong....

"toy....sotoy....siah tong ngaheureuyan kolot siah....jukut dipangul, luhurna di jagongan... bari eta siah calana angsrodkeun" ceuk p erwe

"ieu kabeh jagong pa....euweuh jukutan....teu tulus ngarit da rek mantuan nyieun TPS sieun teu ka buru...,"
"tah ah...dalahar kadinyah....ceuk siotong bari ngalungsar... jagong amis tah super pisan stelan jakarta....pekpek lain arolohok...." si otoy muncereng ka sarerea

sabeulah awak siotoy rancucut....baseuh ku cai panguluban jagong...
barudak geus ngabereyek deui rek nyampeukeun carangka eusi jagong.......

"hus...hus....mingges bebenyit...." pa jenal ngagebes barudak...

"lain toy eta maneh...mawa jagong loba kieu....timana ?" ceuk p erwe bari cingogo.....

"geus lah tong tatanya...."

"ih ieu bener toy timana "

"kebon mang idi "

"saha nu ngulub ?"

"uing.."

"dimana ?"

"di saung mang idi ?"

"geus bebeja..."

"henteu...."

"ari silaing kumaha ke kumaha mun ngambek...?"

"ieu rek didahar moal...., mun moal ku uing rek dijual diiderken hasilna dibikeun ka mang idi..."

"heueuh...arek, ngan dewek pan wenang nyaho sabab dewek erwe"

"kieu p erwe....tadi rek ngarit...muruhpuy hujan, lamun nunguan hujan raat kuring moal kaburu mantuan nyieun TPS....kuring ngiuhan disaung mang idi, di kebon jagong, kapikiran daun jagong bisa didahar domba jagong bisa di dahar jeleme.......enggeus we ngala daun jagong.....jagongna kukuring dikulub didinya keneh bisi disangka maok.... tah kitu "

"anger maok euy....jeung naha di bawa kadieu eta kulub jagongna..."

"lamun dibawa ka imah uing maok....jeung mang idi pasti can balik iang jagong ti jkt, jadi pasti manehna moal mantuan, tah ieu itung2 mantuanna....jaba mang idi pan bageur... moal moal nanaon sakirana manehna ngarasa rugi bae uing tanggung jawab rek ngajual domba keur ngagantianna..."

si otoy pok deui...."salian eta pan di lembur urang mun aya gerakan pasti ngiluan kabeh.... boh tanaga atawa harta....salian nu nyawaan teu bisa dipake udunan kecuali rido sabangsa domba, embe hayam jeung sajabana, awi ge naha bebeja....henteu pan...ngan ngalana cacukupna jeung walatra tiap nu boga awi ...kitu lain ....?

"heueuh...tapi kumaha bebeja ka mang idi....bisi salah sangka aya nu maok...?"

"moal...."

"naha bisa...?"

"ku otoy sudah di selesaikan "

"maksudna ?"

"tadi memeh uing ngala daun jagong....menta dus ka warung teh ima..."

"maksud maneh tong..."

"sabar atuh...., eta dus ku uing di bawa ka si uden cing teh pang nuliskeun "mang jagong di ala keur nunyieun TPS" eta dus ku uing diajiran di kebon...."

kabeh ngabarakatak.....

"naha teu ditulis sorangan ku ilaing toy....?" ceuk mang rakim

"naon....ngajak gelut manekh kim " ceuk si otoy bari ngabarakatak....kabeh ngiluan seuri
"uing lain teu bisa nulis siah rakim.......tapi batur teu barisaeun maca tulisan dewek siah"

"cing ah udud asa di kantor pulisi uing mah pira jagong jeung lain keur sorangan ah..." ceuk si otoy

"geuning garpit euy....tisaha, ?" manehna ngareret ka kuring....kuring nyerengeh..

"kunaon kang siga leweh....teu kabagean dahareun nya ?" ceuk siotong bari ngalungkeun jagong hiji

kukuring disanggap....kuring kagagas....ningali sabilulungan warga lembur kuring...... padahal keur nyieun TPS tempat milih partey....sakecap ge euweuh nu ngomong partey komo make ngajejeleh partey atawa jelemana.....

akur...sabilulungan....silih asah asuh jeung asih, kolot budak awewe lalaki.....rame bari tara pahiri hiri komo ngakaya....dulurna najan batur oge....

mmmhhh.....nineung.....hayang....lembur uing sagede nagara atawa nagara siga lembur uing.....

ISUKAN REK MILIH...ASSSSIIIKKK....sabab kuring bisa panggih...ningali...ngarasa...naon nudisebut... akur jeung dulur salembur, sa sumur...teh

mugia sakabehna kitu....

(tukang giribig...memeh balik)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar