Minggu, 28 Juni 2009

NGOKOLAKEUN KAAMBEK


Sarerea geus ma’fum yen ambek kanu lian nu cocok, dina wanci nu bener jeung takeran nu merenah lain hiji hal nu gampang ngalakonanna. Pon kitu deui dina ngatur jeung ngurus eta kaambek. Kadang-kadang mah eta kambek atawa kajengkel ka batur ngahaja dikemu atawa teu dikedalkeun nudipiharep teu ngaruksak babarayaan. Tapi lamun eta ka ambek atawa kajengkel seterusna dikemu teu dikedalkeun, bisa tibalik mergasa diri sorangan. Kaambek nu sok aya dina kahirupan urang kudu bisa dikokolakeun sahade-hadena, malah mandar teu jadi matak kana diri


Aya saeutik ‘cara’ keur ngokolakeun kaambek


1. TONG DIKEMU TAPI KUDU DIKEDALKEUN

Lamun ngarasa raheut atawa jaheut hate coba kedalkeun jeung salahsaurang nubisa diajak ngomong, titenan reaksina. Hal ieu bisa ngurangan rasa tegang tina rerepet nudiakibatkeun kaambek jeung oge hal ieu bisa ngurangan kawah amarah urang nu bisa wae engkena kaluar dina 'reaksi' nu kaleuleuwihi


2. PIMILIK RASA URANG

Tarimakeun yen urang ker ambek bari teu kudu nyalahkeun batur, coba kedalkeun ku ngomong “kuring ngarasa ambek nalika.......” jeung saterusna tinimang ngedalkeun “maneh geus nyieun urang ambek...”
Tarimakeun yen eta rasa urang, lain batur nu nyieun kaambek urang


3. TITENAN JEUNG TENGETAN 'KADAR' KAAMBEK

Dina ambek, titenan kadar kaambek urang, urutkeun tina ngan ukur kasigeung nepi ambek nu poho temah wadi. Tengetan parobahan diri ti mimiti urat ranteng, renghap ranjug nepika deg-deganna jantung sarta bisa wae nepi ka ngadegdeg tur ngarasa panas nu nyaksrak dina awak


4. CUKCRUK SABABMUSABABNA

Kayakinan anu kaku ampir umum ngajadikeun sabab utama ayana ambek. Titenan naon rupa nu keur urang ngajadikeun “kudu, wajib”. Sakumaha merekedewengna urang kana hal eta ?
Leuwih leuleus jeujeur urang tina kayakinan eta, leuwih anggang urang tina ngarasa nyeri hate nu bisa ngabalukarkeun ambek. Takon diri sorangan naon nusabenerna musabab urang ambek, naha ‘kudu’ ?


5. LAUTAN HAMPURA

Coba pupus kiritikan urang, pohokeun kajadianna, bere hampura jeung tuluykeun gidig kahirupan. Lamun geus kalalanjoan geuwat menta hampura. Tarima kana kambek batur. Urang mahluk sampurna mungguh gusti (sabab ayana kateusampurnaan mungguh manusa), nu terus narekahan sangkan bisa ngokolakeun ‘emosi’ anu ruwet

walahualam.........

Tina obrolan di tatangga, disundakeun ku “TUKANG GIRIBIG”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar