Minggu, 28 Juni 2009

WATEK JELEMA DUMASAR KANA CARA NYEKEL BANTAL WAKTU SARE



Watek jelema bisa dicirikeun tina cara manehna nyekel bantal waktu sare

1) Nangkeup Bantal

Jelema nu sok nangkeup bantal waktu sare biasana ngabogaan jiwa seni jeung bisa ngapresiasi lukisan, musik jeung sastra.
Sipatna leuleus jeung romantis. Kadang kala aya nu bisa maca kana kajadian nu bakal datang ngaliwatan ngimpi.
Maranehna oge paduli kana kasusilaan

2) Loba make Bantal

Sipat jalma nu sarena kieu umumna ngabogaan rasa percaya diri anu kurang
Dina kahirupan sapopoe maranehna merlukeun loba batur/balad jeung oge jarang nyieun kaputusan sorangan, manehna gumantung kana pola pikir batur


3) Sare Make Bantal Hiji.

Jelema ieu jujur jeung saayana. Manehna bisa nyokot kaputusan dumasar kana pikiran lain kana nafsu.

4) Nunda Bantal Dina Suku

Jelema kieu sok ngaremehkeun batur jeung sombong. Jarang Gaul, kaku oge kema (tertutup). Hal ieu nyababkeun manehna ngabogaan sifat egois. Manehna oge resep nyokot jalan pintas keur ngahontal cita-citana/tujuan. Lolobana pangedulan

5) Sare Teu Make Bantal

Jelema kieu ngabogaan sifat percaya diri anu leuwih. Aya kalana hal ieu ngajadikeun manehna egois anu tohaga

6) Teu Boga Bantal

Jelema kieu jelema pikarunyaeun sabab bantal oge teu boga pisan, tapi manehna pangedulan, cik ceuk urangmah atuh nyieun-nyieun tina tapas atawa cangkang kadu

7) Manggih Bantal

Jelema ieu jelema nu pang untung-untungna, sabab jarang malah euweuh jelema nu mamawa bantal tuluy tingaleun komo mun murag. Jadi jelema ieu lir ibarat karagragan bantal runtuh

8) Sare Ngegel Bantal

Jelema kieu jelema anu kudu leuwih dipikarunya sabab kalaparan nepi kasarena ngimpi dahar nyogot bantal... melag kapukna, ngimpi nyehil daging ari burulu murag siki kapuk.
Bisa oge jelema nu kieu aya rerehan ti kuda lumping... ngan masih anakna keneh, latihan dahar beling kanu bantal

9) Sare bari ngalung-ngalung bantal.

Jelema kieu ciri wanci kudu diparaban menyan... sabab manehna kasurupan ku jurig pamaen basket

10) Sare dina Jero Bantal

Naha bet klelewihinya...... naha dijerona make bantal oge kitu atawa siga nomer 1 nepi 9, lieur yeuh ngarangna oge....

Saur mang amat.... tong serius teuing cenah..... ieumah etang-etang olahraga (olahraga naonnya).....

Salam baktos
Tukang Giribig

Tidak ada komentar:

Posting Komentar