Minggu, 28 Juni 2009

CAI HUJAN BISA JADI MINYAK TANAH (ENYA KITU ?????)

Ku alatan samemehna aya panalungtikan...nyieun bengsin tina cuka..., tapi eta panalungtikan teh can anggeus sabab bengsin kalah mawa ngesang kanu makena, tah tidinya panalungtikan diteruskeun susuganan teu kudu jadi bengsin atuh cukup minyak tanah we... kitu dasar pamikiran eta inohong-inohong....


sanggeus dilakonan eta panalungtikan.... terus dibewarakeun sakalian keur nguji hasil na..., tah ieu hasil dina rohang pangujian....

dirohangan nu rek dijieun pakalangan geus mimiti rea nu daratang.... sanggues pangatur catur pamawa acara merelekeun... hasil panalungtikan... terus dibere waktu keur sarerea mere komentarna....


Zwagery Grandis at 9:41pm May 27 ;"hahahahahahahahahhahhahahahahaha....... hahahahahaha..... hahahahahahahahaha uing asa dikaryakeun katujuh kalina yeuh....hahahahahaahaha" ceuk manehna bari ajrag...ajragan... nepi helemna ancul-anculan....

torojol Susie Van Dijk at 9:44pm May 27 bari pokna "hahhahhaha...gelo eta mah..." nu terus ngaleos...siganamah rek terus ngunder antanan

Komarudin Dahlan at 9:48pm May 27 "hahahahaha....teh hilda beberaniannya samah daku... alah didodet we eutik ku kubur BOTOL hahahaha" meureun maksudna ka ripalna nu sarua nalungtik bab minyak merek WEUREU

torojol aya wakil ti pamarentah nu ngaluhuan Ike Nurjanah at 9:54pm May 27, bari pokna "hahahahahaha.....hihihihihi.....hohohohoho.......heheeeuuy deudeuhhh...amis jiga na mun ditakolkeun tah botol..ka tarang..budak kasep tea!!!!!"

rohangan geus mimiti haneut sabab rea nu sapagodos jeung henteu.... di luar rohanagn nyakitu geus rabul jeleme sanajan ngn ukur mireng tikajauhan bari musam mesem....., tukang lotek, es, bubur, balon, empet-empetan nepi ka tukang sintir geus mimiti daratang....

balik deui ka rohangan...

Zwagery Grandis at 9:55pm May 27 "jigana bakal skak ster yeuh...hahahahaha" pokna bari ngalieuk ka teh hilda nu titadi melong mata simeuteun, manehna ngajawab " Apal lah.......eta teh dongeng ti mitoha !!!!!!!!" bari rada jamedud...

ti tukang aya nu seledek bangun rusuh.... ari geus ha hareup pok manehna ngomong bari terus balik deui "tega pisan hahahaha...." Yudi Hattrick at 9:57pm May 27, kang yudi di jewang..."saha nu di tiir kang..." Lisnawati Sumarya at 10:00pm May 27 nanya bangun kaget...

ti luar katingali aya nu tipaparetot turun tina sado.... malahan bakat ku rusuh nepi poho nutup panto sado (ari sado aya pantoan kitu ???), bari nyingsatkeun samping satuur nu terus asup bari pok "sok lah resep silih skak....pan urang lin nu seurina mah.....sok atuh deui Hil kangKom.....rame lah ....asa maca Mangle..." ceeu teh Tia Partiana Baratawiria at 10:02pm May 27; naha maca mangle apanan ieu mah keur nalungtik minyak lain ?

Komarudin Dahlan at 10:05pm May 27 ngomong "alah uing mah diditu dieu teh dirempug euy.... tadina mah rek males aduh.... kumaha ieu teh... jaba tadi meni rusuh nulisna ge aduh........duhh....duh.. mana tahan " ceuk manehna bari rada luas lieus sabab manehna kalahka hariringan bari pok deui "teh tia rame UING PAPUKET TIHOTHAT.... JABA MODEM SIGA HAYNG NGILU DI PEUYEUM 90 POE SUGAN JADI SEDAN hahahahahahah"

nyaan dirohangan ayeunamah geus panas pisan salian ti ase na kurang gede... dang sagede cangkir, jaba patandang geus mimiti silih perong bangun rek ngerekeb.... pon kitu deui hadirin geus rek blok blokan sariga balok....

"hahahahahaha rek sekak... jadi malik di ster, sebom, sencur, sengkud, senak walaaaaaaaahhhhhhhhhhh ieu mah kudu nyieun catetan nu judulna "WATIRRRRRRRRRRR OGE DEUIH EGEN PISANNNN" haahahahahahaha....... (cirambay)" ceuk Zwagery Grandis at 10:13pm May 27 mairan deui

pok Hilda Wati Iskandar at 10:15pm May 27 ngomong bari nangtung tina diukna ngabedega nulak cangkeng sabeulah da nu sabelahna deui... tikekereket... bangun ambek pisan "L.D.A...." cenah pokna teh

Komarudin Dahlan at 10:16pm May 27 kalahka seri ngadenge LDA teh atuda sigana manehna inget naon hartina eta LDA "hahahahahahahahahahahahahahahahahahahahahaha......" manehna seuri ngenak bari ngalengak nepi korsi nu didiukanna tijuralit ninggang baskom wadah cangkir atuh nepi ka ngagolombrang....

di rohangan sajongjongan rada simpe bangun nu keur neangan renghapan da siga nu laleungit temah wadi poho ngarenghap bakat ku patempas2 ngaluarkeun pamadeganna...

"tah..tah...naon deui tah...sigana eta nu duaan keur nyiapkeun amunisi keur silih bom...sok kang kaluarkeun dinamitna...Hil kaluarkeun jurus goler tea...moal teu adu gabret lah...." ceuk Tia Partiana Baratawiria at 10:16pm May 27 nyumangetan deu, nu ditempas ku Zwagery Grandis at 10:16pm May 27 "hahahahahahahaha.............hahahahaha......... nyeureud...nyeureud...reud reud reud reud" pok na

*******
NA KUMAHA ATUH PANALUNGTIKAN ETA TEH NEPI KARAME? LANGKUNG PAOS TIASA DIAOS DI

http://www.facebook.com/profile.php?id=1201040513&v=app_2347471856&viewas=1201040513#/note.php?note_id=110016680259


********

Tidak ada komentar:

Posting Komentar