Sabtu, 27 Juni 2009

BASA NGOPI AYA KATINEUNG


BASA NGOPI AYA KATINEUNG

Jang.... kadieu gera yeuh aya kopi anyar !, ceuk sora halimpu tapi bedas, barang direret gening ceu idah nu salila ieu kasohor tukang enteh. Heug.... ceu ceuk kuring, dapuguh resep pisan apan kana nginum kopi teh.

Kuring mengkol....nyampeurkeun ka imah nu ngageroan, hayu nyi gera si euceu mah bisaan nyieun kopina, ceuk kuring ka pipamajikanneun

Gek kuring diuk di golodok ceu idah....
Kuring : Lain eceumah rajin make boga kopi asli sagala ? naha timana ceu ? ditutu sorangan ? dibebek ku sorangan oge ? geuning bisa nutu kitu eceu ?
Ceu Idah : Ari nanya teh sing bener ulah pedah haratis meni ngaburulu kitu maneh teh jang !
Kuring : Hehehehe...atu da kuring mah reueus ceu, eta leungeun nu sampulur kitu make pirajeunaneun daek nutu sagala......


Ceu Idah : Lain eta saha jang ? ceuk ceu idah bari nunjuk kanu diuk sabeulaheun kuring.....
Kuring : oh enya tuh ceu maaf eta teh kikindeuwan hehehehe.....,
Ceu Idah : sukur atuh.....heueuh wawuhkeun....pan engke mah meureun bisa lamun daekmah jadi tukang enteh siga eceu......heuheuy deudeuh...., sok kadinya di inum tah kopina, ke dagoannya da moal lila oge bakal aya semah kadieu teh ?
Kuring : semah ? saha ceu ? atuh bisi kuring nganganggu, kuring pamit ceu....
Ceu idah : moal keu wae da etamah atuh.....ih marukankeun jelema linuhung....handap asor, tur nu penting keur eceumah KASEPna mun seug neteup eeeeeeeeuuuuuuhhhhhhhhhh..........IYUH jang.....mmmmmmhhhhhh.....
Kuring : heueuh saha ceu ? siga kapengpeongan pisan etah eceu ?
Ceu idah : eta kang didi tukang kalapa........ pan kasabna manehna tukang ngeletik (nyieun minyak kalapa)......
Kuring : baruk kitu nyah ceu ? reueus mun jadi kawawuhana atuh
Ceu Idah : piguh we jang, hese neang jelema siga manehnamah......da eceumah mun ditanya batur nu kumaha ciri lalaki.....ah sigana lalaki teh aya dimanehna kabeh......
Kuring : wah hebat nya ceu....

keur uplek ngobrol....diburuan aya nu rentang2 nyampeurkeun ka golodok nudidiukan ku kuring sarerea....

Ceu Idah : jang tuh jelemana.....eceumah deg2an kieu, ratug....ingggis salah ngomong, teu wasa paamprok mata jang....aduh kumaha....jeung asa hayang kiih sagala rupa...
kuring : alah etah si eceu.......

Aalamualaikum........

waalaikum salam ceuk kuring ampir bareng jeung pipamajikaneun.....
ngan si ceu idah mah ampir ngaharewos, sorana teu eces kadenge.....

didi.....bari ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman ceuk eta semah.....

Kuring : oh kang didi tea nyah ieu teh.....wilujeng tepang kang...
Kang didi : sami2 yi......

saeunggeus nunda tolomong nu biasa dipake nanggung kalapa manehna gek diuk, jadi ngariung....
ceu ida amitan cenah rek kadapur....meureun rek mawa kopi oge keur semah kadeueuhna....


Nyambung............
DIANTOS SUMBANG SIH CARITA IEU.....hehehehe...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar