Geulis ku ayeuna salira ulah bade cancel pami bade nginstal love.exe ka manah akang, manah akang mung kanggo salira dina kapasitas 400GB tanpa partisi, punten salami ieu akang mung tiasa ping dina pengkereun anonymouse proxy, mmmmhhh... geuning kieu... ari love.exe nuju di running
Akang mung tiasa nyerat dina C++, najan memang kapungkur kantos ngeshear di portran77, namung akang nyobi supados avaliable demi waktos. Junjunan akang... mugia salira ngagaduhan percaya.txt nu tiasa di syngcronize sareang satia.dll milik akang....
Geulis jungjunan akang, akang teu ngadamel folder salian folder salira, komo make kaniatan nga hidde folder .... ah teu kabyang pami kedah ngadamel new folder, moal-moal jungjunan, mangga gera scan nganggo antivirus nu tiasa ngadetek selingkuh.exe
Akang miharep system hate salira tiasa nampi request akang, akang bakal salawasna nongkrong di bugtraq, supados akang tiasa nitenan bug enggal, akang bakal teras patch, geulis percanten kana love.exe nu akang ieu sanes asal download, tapi asli ti mikaasih.com, teu kedah nganggo keygen komo nganggo serial number palsu
Geulis mangga gera upload love.exe salira simpen di backbond nu kiat, da mung didinya love.exe urang tiasa saling over write, imut salira... mangrupi update-an nu auto deteck, mmmmhh jungjunan, akang moal hilap kana pass word.
Ngawitan urang patepang teuteup salira, tembus kana fokus jajantung, tug dugi mekar ngagedur sebanding sareng ngagunakeun kakuatan lensa, ngalayang endah ibarat minyak nu ngalayang dina hampa udara, cinta.txt akang langkung ageung batan bilangan avogadro
Sanajan pluto ayeuna tos teu aya, dimana benten urang lir ibarat jarak matahari ka pluto saat aphelium, namung resonansi hate akang tiasa nangkep amplitudo manah salira, saendah gerak harmoni tanpa gaya impuls sareng momentum, ibarat kopel dina gaya nu angular unlimited
geulis jungjunan akang, rimpul cinta urang.... sanaos teu dina trek nu ngandung friksi namung friksi teu tiasa ngahalangan kana speedup akang micinta salira, energi potensial akang moal kahalanga sanajan gaya grafitasi salawasna narik, malihan hukum kekekalan energi teu tiasa ngampeuh hukum kekekalan cinta urang
jungjunan akang cobi titenan gera, momen cinta urang tegak lurus sejajar penuh dina garis kahoyong urang nu moal aya pasalia kahayang, hal ieu nu ngajantenkeun titik ekuilibrium sampurna, tanagi inersia nu tohaga...
ieu jungjunan resultan momentum kita nu aya dina titik kesetimbangan sempurna hasil titrasi luar biasa presisi tug warna pas beureum ati, hal ieu paduana love.exe sareng dukungan cinta.txt sanaos mung dina C++
salam baktos, salam oge kasadayana punten teu acan tiasa download ka sepuh sareng kulawargi
numikatresna_sajati@ka.salira
lalaki//tukang.giribig.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar