Minggu, 19 Juli 2009

TEGAL LEGA MERE CIMATA

jam dalapan peuting sanggeus... gegelehan sakeudeung, terus nguniang... rada bingung kamana yeuh ulin peuting teh jaba ngan sorangan..., biasana ulin teh sok jeung si salim urang tangerang, ayeuna manehna keur ulin rada jauh.... memang ngajak tapi.. ditolak ku kuring sabab cenah rek leumpang saminggueun... wah can waka arek ari kitumah, alun alun geus kamari dua peuting ulin teh, ah rek ka tegal lega we...



kaluar ti mesjid agung teh kuring leumpang ngaliwatan....jalan asia afrika tuluy mengkol ka otista... masih rame da puguh sore keneh... nu jualan loba nukeur ngaladangan, katingali cape cuh cih,... tapi pasemona eces jentre maranehna galumbira da jualanna payu....



leumpang teh zigzag sababaraha puluh meter kuring meuntas jalan... kitu deui mun geus sababaraha puluh meter meuntas deui, angkohan meh loba panggihna jeung nu bisa ditingali atawa didenge..

aya kana satengah jamna karek nepi ka tegal lega teh... terus asup ka palataran lapangan nu harita mah can di pager jeung loba jukut nu ngajejemrung... tenda loba nu dijieun dadakan di tukangen rungkun... tukang roko loba nu ngulampreng lain dina kios...

"a roko na a..." kuring ngareret... "enya a cik setengah roko garpit a..." ceuk kuring angkohan teh asal aya sesa keur meuli bajigur we da tadi buka puasa rada dihabek pisan tah.. kabeneran malem salasa karek balik tadi beurang ti lembur jadi rada aya keneh bekel, da biasanamah meuli udud teh ukur sabatang....

"ieu a.." ceuk nu dagang bari mikeun roko jeung pulangna.. pok deui manehna nyarita.." bade nganggo a... nu abdi sarae.. ngarora keneh deuih... pangaosmah gampil lah... tingalian heula weh yu.." ceuk manehna pertentang...." moal a... mung amengan wungkul... ke sanes waktos" ceuk kuring bari neruskeun leumpang kukurilingan

teu karasa kuring geus nepi ka sisi lapang di beh jalan m toha...., euleuh miripis... beuki gede... kuring luak lieu neangan keur ngiuhan... kitu deui nu keur nalongkrong paburisat... awewe.. awewe nu jarualan.. cing balecir bari cicirihilan arasup kana tenda nu ngan ukur satengah dada jangkungna.

kuring ngiuhan ditukang bajigur nu ngahaja ku kuring diteangan bari rada lulumpatan... " mang aya terpalna teu..?" ceuk kuring ka tukang bajigur maksudteh meh rada lega ngiuhanna...' aya jang tah batuan talikeun ka dinya.." ceuk manehna bari nunjuk kana tihang urut umbul2

"kang... bajigur hiji..." ceuk kuring bari ngaluarkeun ududeun

"ieu jang.... kumaha geus ?" ceuk manehna bari nyerengeh...

"geus naon kang ?"

"enya eta... taeun..."

"ah henteu kang uing mah ulin wungkul..."

"a...a.. bade ?" ceu awewe umur kira-40 taunan bari gumeulis noel kuring bari manehna gek gigiren.., kuring teu nembal hade teu nembal goreng ngan ukur seri maur bari terus nitenan manehna, nu terus luak lieuk...

awewe tadi ngagupayan lalaki nu titadi nangtung deukeut kompor tukang bajigur... nudigupayan nyampeurkeun.

"kang yu ah maen... 15 rebu we yu..."

"hujan ah..."

"moal da iyuh.. jaba aya bangkuan moal baseuh tina jukut yu..."

"moal ah...."

"10 rebu we.. yu.." ceuk awewe eta bari leungeuna nyekel lalaki tadi..., nu tuluy dikepeskeun ku lalaki bari pok " ceuk aing moal...moal...siah" bari tuluy ngoloyong ka deukeut kompor deui

awewe tadi luak lieuk deui... ku kuring katingali aya cai hujan nu maseuhan beungeutna... manehna nyusut bari rada tungkul wedakna nyuridat tapak panyusut... terus ngaluarkeun wedak jeung lipen tina kantongna... manehna bari tetep luaklieuk..., bari sakali sakali manehna ngereret kuring jeung tukang bajigur...

"a..a.. kadieu sakedap...." ceuk awewe ka lalaki nu kabeneran ngaliwat ditiung ku dus...., lalaki ngan ukur ngalieuk bari teus manehna leumpang

"kang.... bandrek hiji..." rada ngarenjag kuring sabab nu ngomong teh datangana ti tukangeun bari terus diuk di gigireun kuring... kuring rada ngiser mere tempat, jadina kuring di apit ku awewe jeung lalaki nu anyar datang...

"nuhun kang.... jang teh ngaleueut..." ceuk manehna sanggeus narima gelas bandrek nawaran ka kuring jeung awewe... sabeulaheun...

"ah narik teh kuduna hujan kieu teh alus tapi peuting ieumah rada goreng...yeuh" ceuk manehna ngomong nu teuing ditujukeun ka saha...

"jaba tiris kieu yeuh...." pok deui

"a... bade ?" ceuk awewe sabeulaheun bari noel ngaliwatan kuring.. kuring rada ngadayagdag..

"sabaraha...?" ceuk lalaki nu sihoreng tukang beca

"hayu... 15 rebu weh...."

"ah moal mahal teuing..."

"10... we atuh 10 yu...."

"hahahahahaha.... 10 teu hayang teuing pan eteh ge ngeunah..." ceuk tukang beca ngabarakatak

"sabaraha atuh a... sok ngupingkeun..." ceuk awewe bari gumeulis

"gratis we yu... sarua tiris yeuh..."

"atuh tong kitu... a.."

"kieu we... urang boga ngan 3 rebu daek teu ? tong kasinggung mun henteu..."

awewe... ngaheruk... bari nahan tetep gumeulis.... katingali manehna melong kana roda bajigur terus tanggah... teu lila pok

"hayu a... wios lah tapi tong lami nya..."

"tah kitu atuh meh langganan... jaba urang pan haneut sarua..., kang nitip gelas nya " ceuk tukang beca bari nangtung

saterusna duaan patungtun-tungtun bari silih toel asup kalapangan nu ngiles teu katingali kahalangan jukut nu hieum...

****
teu kungsi lila... torojol duan kaluar tina rungkun nu ngan katingali aya tenda bari cicirihilan....

"kang ieu tadi bandrek tambah kulub cau..." ceuk tukang beca...ka tukang bajigur nu tuluy manehna ngaleos....

"kang abdi nyuhunkeun bajigur hiji..." ceuk awewe tadi bari manehna kop kana kulub sampeu, gek manehna diuk dina urutna tadi

"a... bade kulub sampeu ?" ceuk manehna bari ngareret kuring...

"nuhun teh henteu.."

"hesok a... tah atuh kulub cau atawa ganyong... sok meh teu tiis patuangan..."

"hatur nuhun henteu teh...."

"enggal a... sok kadinyah... " bari manehna nangtung nyokot kulub cau nu terus diasongkeun ka kuring...

kuring colohok mata simeuteun bari narima cau...

"nuhun..." ngan sakitu nu kedal

"hesok gera tuang...keun we da teteh aya artos mah pan nembe... kenging 3 rebu.... alhamdulillah nya a... aya rejekina, puguh rada tiis patuangan ti tadi nembe ngalarisan hehehehe"

kuring ngan molohok kosong... tikoro mimiti rada garing engap.... aya nu ngaleketey tina hate nu nyurungkuy kan tikoro jeung mata...pok deui manehna

"tah sampeu gera a, kuat nahan lapar jabi pan ieu muruhpuy hujan... bilih lebet angin..."

bari ngobrol teh manehnah nyahnyehnyoh kana kulub sampeu... dua gelempeng ngan saketap... bangun lapar pisan..

"a bade kamana ?...aya ongkos ?.... " ceuk manehna deui.. bari terus mencrong ka kuring....

"taman sari..." ceuk kuring pondok

"pami teu aya ongkos ieu... anggo heula artos teteh...., ke mudah-mudahan aya deui rejekina" ceuk manehna bari ngasong keun duit sarebu... kuring teu bisa ngomong... tikoro geus teu kuat nahan sagala rasa... mata geus beueus....

kuring nangtung... teu bisa ngomong maksudmah rek pamit... tapi teu kedal ngan ukur manggut, tuluy kuring leumpang maju ka arah kebon kalapa...,

"a....a... antosan sakedap....ieu candak... teteh nyaan... hawatos hujan" awewe tadi ngageroan bari ngacung-ngacung duit sarebu...kuring nambahan lengkah bari geus teu kawawa ceurik,

kulub cau kukuring terus dikeupeul pageuh.... ieu jimat..., ieu rejeki.... hate terus ngocoblak bari teu eureun cai mata ka luar..

hayang teuing kuring boga gawe komo nepi beunghar.... kuring rek ngajait manehna..., moal moal ningali naon pagawean asalna... kuring rek ngagawekeun.... manehna engke, Gusti tangtayungan manehna....

***

rancucut datang ka taman sari teh... geus ampir setengah hiji peuting..., gusat gesut mandi... wudhu.. kuring sholat dua rokaat bari ceurik.... ngahaja sholat keur manehna.... jeung ngadoa sabisa..bisa.. bari nyahareupan kulub cau pamere...

manehna lapar... manehna tiris... manehna teu boga kabisa... manehna bodo... manehna loba diudag-udag... manehna loba dijejeleh... manehna bisa mere sarebu leuwih tina duit 3 rebu bari jeung dahar manehna...manehna jelema indung budakna... jaga meureun nini incuna..., basana sarua... hatena sarua..., seurina... ceurikna...kanyerina sigana moal beda.... da sarua jelema...

kuring masih ceurik bari mesek cau... ngadaharna... neureuy jeung caimata... nilepan cangkangna kukuring di bungkus lawon meunang nekteuk tina baju nu baju jero nu baseuh ci hujan... lain lain kuring rek ngadewakeun... ngan keur panginget... nepi kaayeuna cangkang cau geus ampir 15 taun aya salilana dina saku kuring....

*****
hanca....

tukang giribig

2 komentar:

  1. Duh, naha nya? Bet janten nyirucud cisoca maos ieu seratan. Ehm.. Gusti, estuning hirup teh pinuh ku rupi2 cocobi. Namung, geuning aya keneh nu haat ka batur, singsanaos anu dipilampahna teu samistina. Hmm.. Ck..ck, hebatlah si akang!

    BalasHapus