Dilembur jeung dikota geus umum tur lumrah lamun aya nu asup angin sok dititah atawa ditawarkeun meh dikerok, malahan mun can beureum ngaguratmah rarasaan can puas, da geuning make kudu siga simeong sagala... nepi ka belang
Kerokan teh teu ngan saukur dikanyahokeun di tatar uarang wungkul, sabab geuning di cina ge aya nya disebut gua sua, di Vietnam disebut coo giodi, mun dikamboja di sebut gah kyol. Memang rada beda mun di Cina mah ngerokna make batu giuk teu make duit logam recehan siga di urang, tapi ketang sigana mun diurang ge make singkupmah eta ngerok teh bakal tereh anggeus
Naon atuh sabenerna ari kerokan teh ? naha enya kitu ngadadak eta angin ngagelebug kaluar tina awak ?
Beureumna kulit dina awak nudi kerok eta nandakeun yen pembuluh darah halus (kapiler) nu ayana sahandapeun kulit peupeus. Akibatna, pembuluh darah nu aya dina kulit asalna ngariut akibat katirisan atawa kurang gerak jadi ngabeukahan, Tah ku kituna getih bisa ngalir kalawan lancar teu acreud acreudan komo make aclog-aclogan, tapi ngadius...
Tah ngadiusna aliran getih di permukaan kulit ningkatkeun katahanan awak tina sagala serangan virus. Salian ti eta, nu keur asup angin ngarasa ngemplong sabab waktu kerokan, awak ngaluarkeun hormon endrofin nu salahsahiji panyabab gejala asup angin
Ulah mineng teuing kerokan sabab bakal loba pembuluh darah tadi anu peupeus, salian eta oge kerokan bisa nimbulkeun kacanduan, sabab efek hormon endorfin nudikaluarkeun tea.
Dipahing pisan kanu rek dikerok dilakukeun di rel kareta api, komo kerokan make pacul atawa kored... kade ieu ulah pisan dilakonan ku saha wae
Salam
(Tukang Giribig)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar