geuning karasa...
geuning ngageuri...

geuning nyereset...
geuning ngalimba...
geuning beueus...
geuning ngageter...
geuning ngeluk...
geuning medet...
nuhun bisa ngarasa...
nuhun bisa sieun...
nuhun bisa ceurik...
nuhun teu sakadar wani
nuhun teu sakadar teuneung
nuhun teu sakadar gumbira
nuhun teu sakadar seuri
Nuhun Gusti ku teu diheuraskeun hate
Nuhun Gusti ku teu dipongpetkeun ceuli
nuhun Gusti ku teu dilolongkeun mata
NUHUN GUSTI...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar