Jungjunan
Tuh gera titenan parahu nu ngangkleung...
Ibarat asih urang nu teuneung ludeung seja neang kabagjaan...
Pating karetit cahya harepan nambah nambah sumanget urang...
Enung... pupujaning ati...
Asih urang kahibaran seuneu kageugeut numawa haneut...
Teu matak kabulusan ieu patekadan sanajan raga ayeuna masih paanggang...
Sumirat cahya koneng belah kulon mawa kaendahan payung katineung...
Celak-celak beuki atra geuning jungjunan...
Lebah dinya urang bakal nyimpay rasa ngawengku eusining qolbu...
Tong galideur geulis... ombak bakal jadi lambak numawa endah...
Tiis nyecep kana lengkah, kaheman ngiyuhan raganing tresna...
Tiis sumanding dina ati, bagja barokah sumarambah dina raga...
Mugia...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar