peuting geus manjing pangliliran
tapi ati keukeuh kukurilingan
ngotektak seseleke teu kaampeuh
imut salira lir leugeut, napel pageuh dina teuteup bulan nu nyaangan
harewos salira sidendang dina bentang nu maturan
hiliwir angin eces ngusapan pinuh kageugeut kawas salira
teu poek mongkleng jungjunan
apan aya bulan nu nyaangan
jeung bentang nu maturan
teu hariwang jungjunan
apan aya angin nu ngahiliwir
lir panangan salira nu nyepeng muntang ngusapan
tambah gagah gandang jungjunan
apanan salira teras sidendang
dina manah akang nu ayeuna keur paanggang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar