Selasa, 13 Oktober 2015

MURINGKAK BULU PUNDUK

Muringkak bulu punduk sigana kabeh jelema pernah ngarasakeun. Disebut 'sigana' sabab can kungsi nanya saurang-saurang

Tapi naha naon atuh sababna mun kasieunan atawa katirisan make sok muringkak bulu punduk, naha bulu kelek jeung bulu sejenna oge ngilu ?
Sabenerna ceuk buku The Meureun, nu ditulis Bi Cenah, muringkak bulu punduk teh wujud tanda awal tina ayana ancaman nu can katenjo panon


Hiji hal dianggap ancaman gumantung kana sesitifitas sewang-sewangan jeung ngartikeun hiji hal matak pikasieuneun atawa henteuna,

Di jaman baheula, ceuk Bi Cenah, dina jaman memeh gubragna HOMO ERECTUS, jelema baruluan kabeh saawak-awak, tah wujud totonden mun ayana ancaman nu saterusna diwujudkeun ku pertahanan diri cara alamiah bulu-bulu arajeg nangtung. teuing nguliat heula teuing langsung nangtung

Jadi muringkak bulu punduk nu ayeuna ku urang kaalaman, saenyana baheula mah muringkak sakabeh-kabeh, ku kituna ukuran awak jadi katingali leuwih badag ku lawan, kelek jadi lega kaasup palangkakan jadi ngagegag, irung kembung ceuli rebing

Saha nu nangtungkeun eta sabulu-bulu ?, nu nangtungkeun eta bulu-bulu, ngarana ERECTOR PILI
Erector pili teh mangrupa otot nu aya dina lapisan dermis kulit, nu tugasna husus nangtungkeun atawa ngagelehekeun bulu. Ngan lebah marende atawa nimang mah can kapaluruh tah

Bio kimia dina otak mun narima sinyal ayana ancaman nu nyababkeun sieun atawa tiris, otak gura giru mere isyarat jeung parentah ka ieu otot keur nangtungkeun bulu-bulu

Ancaman nu dimaksud nyaeta ancaman nu can katingali, tapi mun seug geus katingali ku panon, terus panon mere informasi ka otak, terus otak ngolah keur nangtukeun sikep. Lamun tina hasil olahan otak yen eta teu matak pikasieuneun atawa teu pibahayaeun, maka otot tadi diparentah ngalempeskeun deui bulu, diganti marentah organ lainna keur nyanghareupan

Sabalikna mun eta pikasieuneun teu kaidentifikasi wae ku panon, otak marentah suku keur siap-siap ngabecir jeung marentah bujur kokompodan. Kadang kala parentah kokompodan katarima ku kantung kemih, jadi kawerweran ngiihan maneh

Kulantaran ayeuna jelewa geus teu buluan saawak-awak, hal nangtungkeun perbuluan nyesakeun muringkak bulu punduk atawa cing sariak beungeut.
dina hal 'pertahanan' diri, atawa nyingsieunan diganti ku muir-muir kumis, muir-muir bulu kelek atawa memener ngagugulung gelung, mun nya masih keneh sieun, sieun malarat paling nyalindung ka gelung, meureun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar