Hiji
waktu aya hajatan ngariakeun budak mang Idung, incu pa Olot, jelema
jegud lega sawah lega tanah malah sapinage teu ka itung puguh
dikencarkeun tara dikandangan. Kawantu nu dikariakeun teh incu kahiji ti
budakna nu nunggal, atuh tohaga hajat teh, sagala ditanggap, teu
tingaleun kuda renggong.
Disakola teu daek cicing sanajan karek bus sakola, puguh inget wae bisi iring-iringan kuda renggong kaburu ngaliwat, heug kamarina geus paheut jeung babaturan poe ieu mah rek kabur, alesan, pijalaneun lumpat, jeung sajabana geus direncanakeun. Untung we lain rek mergahala mun seug teh halaahhh asup kana ‘pemaehan berencana’ meureun mun ceuk nu palinter balakeceprut ayeunamah.
Puguh kamari teh nananya... saha cekeng bangbaronganna euy.. ?, “mang dana siah sep..., pasti rame siah sep..., ah pokonamah siah mang dana mah diudag kajeun nepi ka dapuran awige siah sep... basa bareto ge siah sep uing nyumput dina dapuran salak siah sep... diudag euy..” ceuk sobat kuring, nu sok disebut jang awan... bari buburilengan jeung teu beak beak nyebut siah na... si siah we sugan mah tah balad teh.... ‘Tapi jang euy pan isukan teh sakola... kumaha...?’ ceuk kuring.. “alah gampang siah... sep urang kabur we... ke uing api-api nyeri beuteung... maneh nu nganteurkeunna heueuh ! kitu we lah sep..” ceuk manehna bari tetejeh sukuna sabeulah gagayana siganamah. ‘tapi kumaha mun teu percayaeun Bu Tati na jang euy...?’, “ah gampang... kabur we lah siah heueuh... pan siah dipipir sakola.. nu ka teun ma Ooh pagerna bisa moncor siah... gampaaaang lah siah ...” ceuk jang awan meni capetang bari mulak cangkeng..., kuring ngan ngaenyakeun we puguh da bakal piresepeun mangkaning babangrongan mang dana tea kasohor galak jeung daekan ngudag.
“ayeunamah kumaha carana supaya isukan urang meunang dahar siah sep... jeung meunang besek siah...” ceuk jang awan deui, ‘heueuh kumaha atuh da urang mah lain rombongan iring-iringan’ ceuk kuring, puguh mun ngandelkeun besek di imah, bisi nyamos deui ngan meunang tulang iga.
“kieu euy..., urang nyieun sampiran... siah, nginjeum sampingna nu ema maneh heueuh... sep”
“kumaha lamun ke sampingna kabawa ? jaba meureun urang moal ngilu rabet..rabet.. gencelan da rombongan mah teu meunang...?”
“tong di babawa atuh... siah sep, nu penting meunang bulao we dina beungeut...”
“naha bulao..., loba di uing ge bulao mah paranti ema nyeuseuh saragam..”
“eh teu kaci atuh siah ... pan bulaona kudu nu dioleskeun ku mang ahim siah..., pan bari diitung.., engke keur mere dahar balik iring-iringan...siah”
“oh heueuh bener...bener..., nu penting mah sampingna ulah nepi kakarawatan ku ma olot ?”
“heueuh ulah dibawa nepi ka pipir pa idung engkena... memeh nepi buka... gampang lah siah..., pokona ayeuna hayu urang ngala awi, nyieun sampiran terus sumputkeun dikebon lebakeun imah Pa Erong, deukeut imah si dudun tea geuning siah sep..., tah pan didinya mun balik iring-iringan sok rareureuh heula murak ancak rondon... mun indit deui urang asup rombongan... pan siah deukeut imah nyi eri sok dibulaoan ku mang ahim... heueuh... pokona tenang lah” cek jang awan panjang lebar, kuring ngan ukur ungeuk
“sep... buru...siah...” ceuk jang awan tina jandela sakola bari pok deui.. “ itu iring-iringan geus kadenge... lila siah ah... api-api nyeri beuteung mah... jeung bisi nyaan... buruuu... da guru ge pasti lalajo... buurrruuu.. siah ah...”, kuring ungek bari gancang lumpat ti kelas nuturkeun jang awan
Nyaan rame.. saparat jalan nepi ka lembur Cimacan kuring jeung jang awan kukurubutan dikebon sisi jalan bari teu reureuh gogorowokan rabet gencel cadu mandi..., beretek lumpat... diudag ku mang dana..., rombongan bebenyit rea sanajan beda lembur... mun seug keur ngudag ka rombongan kuring, rombongan sejen jejerewetan teu eleh ku toa ....bereyek rombongan itu nu diudag...
Labuh geus teu kaitung... bared geus teu direret... calana soek lebah palangkakan ge geus teudipalire..., terekel naek aya genepanna bari teu reureuh gegerewekan rabet gencel cadu mandi... mang dana nu kasohor galak... sugan teh moal ngudag nepi ka naek.., atuh ribut... aya nu ngajleng... gedebut bajuna disada puguh mawa bujur... oge siku..., kuring pindah dahan bari dituturkeun ku nu sejen..., mang dana ku bisaan padahal di kadutan... bangbarongan dilehekeun ka tukang jadi dina tonggongna... ngudag kana dahan... dorooookkdoookkkk... dahan peunggas... gedebut kabeh murag ka asup bangbarongan nu diiluan baju mang dana, ari awakna mah heueuh ngilu oge... teu nolih kanyeri siku ninggang sungut bangbarongan... belenyeng deui lalumpatan bari ngos-ngosan... untung kasilih ku bajidor mun seug hanteu... bakal disangka hujan pateran eta renghos barudak
Nyaan pas balikna lebah imah nyi eri kuring jeung jang awan geus asup rombongan bari mawa sampiran hiji, api-apina da dititah gantian bisi beurat, kitu alesan nu dirancang ku jang awan teh. Lebah imah nyi eri, mang ahim geus ngabedega bari nyekelan bulao, dibaturan mang ameng nu nyekelan buku leces jeung patlot beureum semu gepeng...
“sep...sep beh dieu... siah” ceuk jang awan ngajak leumpangna rada nyisi ngadeukeutan mang ahim, “beh dieu meh ka hiji.. meh napak... mun geus keuna kesang batur bisi teu napak siah... ke moal meunang..angeun..” pok deui. Dolewak dolewak beungeut kuring jeung barudak nu lainna dibalur ku bulao...
“sep... nu uing kandel teu..., nu maneh alus kandel bulaona euy...” ceuk jang awan bari nyogrogkeun beungeutna... “ayaan...” ceuk kuiring... Kesang dina beungeut nu luut leet dicampur bulao pating suridat mere warna anu tegep mun ceuk jurig..., kebul taneuh beureum aya bulaona... ka gerus ku cileuncang kesang halaaahhh mere gradasi warna tamleg we jurig jarian... cap jurig kejo demi angeun..., mun ayeunamah meureun gotik ... atawa barudak pang tea..., buuk jegjreg semu koneng... puguh kesang kakebulan... mohang we sugan mah..., suku geus puguh... da sapatu dilaan dikangkalungkeun, lumpat teh asa gancang nyeker batan kudu pabeulit nalian sapatu... jaba utamana lebar bisi ruksak kajeun suku jadi belewuk siga beuleum bogo hawuk.... ka handap warnana lewih anteb hideungna... kaluhur rada mending hideung ngora... bodas kolot deukeut ka rek madot... nya mun ditelek-telek mah sarua keneh we jeung hawuk..., aya hiasan alus ketang ku semu beureum tina bared.. urut cucuk atawa pager nu teu kaluncatan... basa diudag mang dana
Asalna nu bulao teh beungeut lila lila menular kana leungeun..., puguh nyusut kesang..., barang nepi ka imah nu hajat teh... barudak geus euweuh nu sahulu ge nu walagri... malah asa leuwih pikasieuneun batan bangbarongan..., ngan nu sidik eta jelema teh padah panon patik burileng rek muru angeun... jeung mun kabeneren mun seuri... karek rada siga jelema,,,, mun baeud komo peureum mah... anak jurig ge sigana bakal bebeja ka indungna bakat ku sieun
“ka rombongan reak mangga ka pipir... kade eta sampiran sareng umbul-umbul ngait kana kabel sapiker..., sementawis ka rombongan kuda renggong mangga lebet wae ka balandongan, engke saatosna istirahat ieu kuda... bade diibingkeun..., ka palawargi anu nongton mugi sabar... ngantosan..., sementawis kudana diinuman sareng nayaga istirahat..., mangga.. kanu icalan tiasa rada nebihan balandongan supados engke kudana laluasa...” ceuk nanahaon pangatur catur meureun nongtorowelang..., teu pati didenge ah... beretek we ngaliwatan balandongan moncor kolong panggung muru pipir, puguh geus hanaang pinuh pangahrepan bakal anekak tanpa kampak
“sep... hayu... kadieu buru rek dibagi dahar...,” ceuk jang awan metot leungeun ngajak ka pipir bari melong beungeut..., “sep... bulao maneh mana ?” jang awan nanya..
“ naha... pan ieu aya... “ ceuk kuring bari ngadeukeutkeun beungeut..
“euweuh sep... beresih...siah.., ah aing mah cilaka... mana atuh bulao... maneh siah”
“oh tadi disusut meureun...”
“duh iling mah lalawora... naha make disusut..., aaahhhh siah... pokona dewek embung dibagi dua daharna mun maneh teu dibere... dahar..., pan ceuk uing ge jagaannnnnnn.... jagaannnnnnn eeeuuuuhhh... tah bulao teh angeun,,,, angeunnnnn.... boreseeeepppp....!!!!”
“da pait... atuh awaaaannnn paiiittt kana biwirrrr... jaba mata peurihhhh....” ceuk kuring teu eleh nyentak..
“bae atuh tahan pait mah da ke ge diguyur ku angeun.... huuhhh... pokona moal dibere..., mun silaing teu meunang dahar...” ceuk jang awan bari miheulaan baris..., kuring nuturkeun tapi digebes... ku jang awan “tong deukeut uing ah... bisi disangka baladna...” halah siah jang apan tadi urang saperjuangan ti mimiti rabet gencel tug nepi ka angeun..., “pokona embung tuh maneh barisan itu cig”,
Mang ahim geus ngabedega deui wae bari cuh cih ngatur barudak nu baris bari silih eleg... teu kaur bener... rrrreeeeggg ka kenca... reeeeggg ka katuhu... kalan kalan... silih porosotkeun calana, atawa ngan ukur silih toel ceuli... “baris.. baris euy... nu bener..., jeung tingalikeun beungeut nu bulaonan...” ceuk mang ahim ngagorowok
“ceuk aing ge naonnn... siah... tah rasakeun bongan bulao disusut..., moal ngasaan angeun ciaaahhhh... moaaalll” ceuk jang awan bari ngajebian terus nonggengan...ti barisan nu hiji deui.... Bae pikir kuring... bari anger nungguan giliran.
Kuring nanggeuy piring eusi sangu geus diangeuna oge aya bukuran, luak lieuk neangan jang awan, jang awan katingali geus diuk dina tumpukan cangkang kalapa bari sarua nanggeuy piring... “sep maneh geuning meunang euy...” bari melong manehna nanya, meunang atuh tembal teh bari gek diuk gigireunna.... asa tumaninah yeuh moal sieun kudu mawa kampak atawa nyangsang di si dede.. bukur iga teh... pikir kuring
“jang maneh meunang sendok ?”
“nya henteu atuh..” ceuk jang awan bari memener tempat diukna
“naha... ?”
“nu make sendok mah rombongan bajidor, barudak reak mah salian ti kolot tara dibere sendok... pan adag-adag ben..., pasukan olok kejo urang teh euy... “ bari nyerengeh jang awan nembalan, bari pok deui... “ kieu yeuh daharna make daun cau... tuh nyokot cig deukeut hawu badag itu... terus ditilepkeun kieu... nyekelna kieu..., terus kieu...” ceuk jang awan bari pepeta nu terus am dahar..
“sep... eta dagingna moal didahar ?” ceuk jang awan bari ngosom.. nunjuk daging dina piring kuring
“arek... arek atuh...” ceuk kuring sarua ngosom...,
“ohhh.... sugan teh moal..., lebar bisi teu didahar... uing mah da jeung balad moal geuleuhan...., eta ge bihunna mun moal didahramah kadieukeun....” ceuk jang awan bari ngarongkong kana piring
“hussss...., cicing ah..., tah ieu moal didaharmah daunna jeung.. piringna...” ceuk kuring bari nepak leungeun jang awan
“hehehehehe.... meni kitu ka balad teh maneh mah,... uing mah geus beak tuh..., sok bisi perlu bantuan mah ku uing dibantuan daharna, lebar ulah nyesa heueuh...” ceuk jang awan bari nyusut biwirna ku tungtung baju..
“teu kudu... beak ku uing ge... tuh..., yu balik ah jang..., ngeunah angeunna heueuh...”
“heueuh jaba rame ... sugan paraji sunatna salah neukteuk meh dikariakeun deui jang aris na heueuh...”
Kuring balik bari lulumpatan... wareg angeun mawa besek..., jaba meunang cau butitina... digotong ku duaan digeleyunkeun kana samping urut sampiran...
***
Ari rombongan kuda renggong di teun kuring aya sababaraha bagean, panghareupna reak...., reak nyaeta rombongan angklung dipirig dogdog dihareupeun tukang reak nya bangbarongan tea nu make kadut diasupkeun nutupan awak, balad bangbarongan aya momonyetan.., aya bubutaan.., sagala we nu keur budak sieun..., tukangeun rombongan dogdog aya rombongan barudak nu mawa umbul-umbul rupa-rupa oge aya sampiran, sampiran teh tina awi kira panjangna sameter setengah, luhurna didahanan tina awi oge nu dipelengkung-pelengkung terus di bulen samping atawa karembong nu anyar, rombongan sampiran ieu oge nunjukeun beunghar henteuna nu hajat sabab pamer samping, sigana kahayang mah ku paragawati ngan meureun olok kejo, da dina sampiran teh bisa genep nepi ka dalapan samping, sampiranna bisa ngawelas.
Tukangeun rombongan sampiran karek kuda renggong nu terus ku rombongan ancak rondon, ancak rondon siga iimahan/mamasjidan, digotong ku opatan eusina kadaharan sagala aya bekel dijalan rombongan iring-iringan

Tidak ada komentar:
Posting Komentar