Ibun jeung tirisna hawa subuh jadi batur matuh
Marengan niat lengkah anjeun sapopoena
Jauh ti ngangluh langka humandeuar
Estu tigin jangji pageuh nyekel paniatan
Niat ngasuh ngawuruk medar ngajar
Duh .... Guru...
Hate anjeun kebek kanyaah
Nyaah ka sakur nu nyuprih elmu pangaweruh
Ngatik ngadidik ti leuleutik, ngajar nindak ti bubudak
Ngejah milang munggaran dibekelkeun
Teu kalis ku bangor, anjeun tetep wening galih
Wening ati...., gumati ka kuring-kuring, murid anjeun
Guru....
Poek mongleng buta rajin dunya teh
Nonggoy ngatog leumpang kuring
Boa tikusruk nyuksruk
Mun seug anjeun teu aya
Anjeun cahya nu nu nungtun nuyun
Nyaangan lengkah kuring
Hatur nuhun guru....
Guru...
Wengi endah ku cahya bulan
Dinten endah ku cahya srangenge
Hirup abdi endah ku cahya elmu ti salira
Guru...
Anjeun nu nyingraykeun lalangse kabodoan
Anjeun nu nancebkeun tuturus pangaweruh
Anjeun oge nu maparin tatapkan weweg pangadeg
Pinter nu dipiharep salira muga teu ngajadikeun abdi kabalinger
Geusan mapag ngigelan kahirupan
Guru...
Lamun Gunung kagungan abdi
Saumpama sagara bobogaan abdi
Saupami bumi milik abdi
Sadaya dipasihkeun ka anjeun
Moal cukup nutup nuhun
Moal cekap mapak rasa tumarima ka salira
Ngan kecap nu teu kendat kendat nganuhunkeun
Sinareng Do'a pamuga anjeun dipikanyaah ku Gusti nu Maha Suci
Hatur nuhun Guru....
Hatur nuhun

Tidak ada komentar:
Posting Komentar