Kamis, 13 Agustus 2009

PANGLAYUNGAN

salira teh anggang mun disawang...
naha atuh akang nganaha-naha...
apanan salira aya...


jungjunan gera itu layung...
aya harepan nu ngagupay...
aya koneng sariak cahyana...
aya endah nu ngagupayan...

Senin, 10 Agustus 2009

SURAT CINTA (SANG ENJINER)

Wilujeng wengi geulis pupujaning ati akang, akang dina danget ieu nuju bengras hate dugi 62 bit, manah akang bingah tug total available grapihics memrori langkung ti 1GB, soca akang enyany-enyanyan teu ka udag ku 12b MB


Geulis ku ayeuna salira ulah bade cancel pami bade nginstal love.exe ka manah akang, manah akang mung kanggo salira dina kapasitas 400GB tanpa partisi, punten salami ieu akang mung tiasa ping dina pengkereun anonymouse proxy, mmmmhhh... geuning kieu... ari love.exe nuju di running

Jumat, 07 Agustus 2009

PENGGALAN OBROLANKU

rasanya ingin memberikan ruang dan waktu untuk kita tanpa berkata,

hanya saling memandang dalam cinta,

dalam setiap desah nafas yang penuh rasa asmara,

pandangan yang hanyut dalam keperyaan kita bersama,

dalam lenguh badai asmara yang memabukan,

dalam kenantian yang kini terpatri

dalam janji yang tidak akan pernah mati,

tidak akan mati ruh cinta kita, ... sayang...

TAHUKAH ?!

Tahukah ?
Bahwa puisi itu tak mesti ku tulis...
Bahwa sajak itu tak mesti berupa kata...
Bahwa indah tak mesti dipandang...

Indahnya untaian nada tak selamanya harus kuperdengarkan...
Puisi...,sajak...., dan keindahan lainnya adalah semesta luas...
Mereka hidup berkecamuk dalam jiwa dan hati...
Terpaut tipis dengan kebencian dan rasa murka...

***SIMPE***


cimata simpe
nempo anjeun malati paranti jangji
sawangan nangtung na layung Bandung
kembang kaduhung ngadaun sembung
neundeun ibun,mawa kanyaah .......... ceuyah


cimata simpe,mepende hate
sawangan lanjung ngalanglayung
neundeun tresna na hanjuang siang
keur anjeun malati paranti jangji

NGINSTAL WELAS ASIH

Sabenerna carita cara nginstal cintakasih ieu mangrupa carita nu geus heubeul sumebar, komo dina basa indonesianamah, kulantaran ieu freeware, euweuh salahna keur diedarkeun deui nudipiharep jadi bahan 'renungan'. Wilujeng ...

Customer Service (CS) : manawi aya nu tiasa di bantos ?


Pelanggan (P) : Muhun saatos ku simkuring diemut, simkuring hoyong nginstal CINTA KASIH . Manawi teu kaabotan neda bantosanna kanggo nungtun ngarengsekeun, kumaha ?

CS : Mangga, ku abdi dibantos, tos siap ?

SURAT KEUR MANEHNA


Asalamu’alikum
Kanggo Jungjunan Akang nudipikacinta

Serat salira parantos katampi... hatur nuhun salira nyeratan akang di pangumbaraan, kaleresan nembe wengi tadi akang maca, da ngahaja meh rineh maosna....


Akang Alhamdulillah aya ginanjar kawilujengan, kumaha sawangsulna salira ? mugia dina waktos maos serat ieu sareng saterasna salira aya dina panangtayungan Gusti.

Geulis... teu kedah nyarios kitu..., apanan harta tiasa diteangan, pangarti tiasa di pilari, watek nu teu tiasa dikukumaha da eta pamasihan Anjeuna, ku kituna salira teu kedah hangham margi akang tos milih salira kanggo rencang marengan lengkah urang duaan.