Senin, 07 September 2009

SAHATE ???!!!


kacaritakeun mang suhe teh tukang cendol... anu dagangna ditanggung nguriling ka unggal lembur, hiji mangsa balik ngider mang suhe manggih ali di jalan...., kulantaran geus di salabarkeun euweuh nungaku... ku mang suhe eta ali di jual... duitna dipake meuli roda...

teu kungsi lila... usaha cendolna maju, dapuguh arikitunamah ayeuna dirodaan jadi didorong tara digusur bari mundur..., seutik-saeutik duit ladang jualan ku mang suhe ditabungkeun da cenah ari sakaligus loba mah tara aya nu meuli cendol sajutaeun komo ngaratus juta... jeung da nyakitu dina ayanage moal kaladangan... tabungan geus lumayan aya najan can loba nya mun dibeulikeun beemwe mah aya we genep sikieun mah sanajan kacana tina bilik oge...

Sabtu, 05 September 2009

KANYAAH JEUNG KACINTA MANEHNA


Aya rasa nungalékétéy dina hate kuring mangsa kudu ngedalkeun.. kécap pamitan ka manehna, dapuguh geuning patepung lawung paamprok jonghok teh kauger ku waktu, malum jelema kuli. Teu karasa leungeun kuring nyékélan leungeun manehna nu numpang dina lahunan. Aya rasa tiis tina dampal leungeunna dibarengan rada beueus ku kesang.

Hate teu merean rek ngédalkeun pamitan, manehna ngalieuk bari neuteup anteub, ku teuteup kanyaah nukarasa bangun nembus jajantung. Sanajan kapaksa kuring imut... manehna ngabales ku imut geugeut.. kuring surti manehna oge embung ditinggalkeun... panyékél kuring narikan kana leungeunna pon kitu deui manehna nambahan pageuh nyékélna...

IRAHA...?


Antawirya Hadi :

Salempay tilam katresna
pameungkeut hate
pangiket rasa ti anjeun
lima taun katukang.
Dilipet rapih na diri,
pamungkus rasa nu masih keneh nyantel,
kakurung ku laku
ngabatu na dadasar hate

SANES KUMARGI TAPI SANAOS


Jungjunan naha salira uninga....
naon margina kageulisan istri sok diibaratkeun malati...
margi malati, bodas nyacas najan alit tapi masihan kaseungit nu meleber...
dina layuna masih seungit...
kitu deui salira lir ibarat malati nu mangkak...

Jungjunan naha salira uninga...
naon margina angin sok diibaratkeun katingtriman...
margi angin masihan dalingding nu matri...
najan teu katingal namung karaos ayana...
nyakitu pisan salira lir angin nu masihan katingtriman diri akang...