Kamis, 12 November 2015

DI SAGÈDÈNGEUN ANJEUN

Wengi ieu kuring jeung manéhna sarua papada ngeheneng
Haté galecok saru jeung geter hayang nangkeup kageugeut
Diémprakan rasa karémpan, rémpan jadi mamala

Bancét simpé sorana teu kadéngé kalindih ku sora béntang rek murag
Ka oyag kalakay muguran, ngeundeurkeun jagat parat ka mega nineung
Hate rut rét, sedeng panon anger peureum nalikung siku teu werat mageuhan rangkulan


Seungit rambutna nyambuang nyirep lilingeran
Peureumna siga imut ngajak ngarumat duriat
Haté terus marojéngja, pinuh tagiwur antara rasa jeung niat, muga parat peuting teu raheut kaduhung

Ngan werat neuteup bari ngusapan, da engké ogé sabataé

Tidak ada komentar:

Posting Komentar