Kamis, 12 November 2015

ENDAH MICINTA

Jalan pinuh mobil jeung motor silih sedek, sora klakson raeng ..., mobil beureum ati diantara mobil nu keur ngahunted.., nu nyupirna lalaki, tenang bari teu ieuh siga supir sejen katingali stress...


Di jero mobil beureum.., di jok kenca.., aya macbook silver.., hape blackberry jeung amplop bodas..., di dashboard aya poto awewe geulis keur ngalahun budak awewe.., handapeuna aya holder hape warna bodas... jeung hapena, lagu opick “taubat” ngagalindeng hawar-hawar


Kriiing....kriiiing... hape bodas disada, nu nyupir nempo, tulisan “my love” mucunghul, bari imut manehna mencet tombol dina stir.., sora lagu opick kalindih...



“asalamualaikum.. aa sayaaaang...”

“waalaikum salam neng cintaaa...”


“dugi kamana a ?”

“masih di jalan neng, macet ieu teh..sakedap deui insyaallah dugi”


“muhun a, ati-ati aa, kade ulah rugel dua kali nyaaa..!”

“maksadna neng...?”


“muhun tos macet nu teu tiasa dikukumaha ku aa, teras aa ngiring ambek-ambekan.., pan rugel hehehe”

“insyaallah neng... henteu, eh neng..., bilih aya kahoyong.., kaleresan ke ngalangkung pasar, salira hoyong naon ?”


“nuhun a.., neng hoyong es campur, asa hoyong nu tiis-tiis neng mah, manawi salira hoyong naon, sagedengeun tuangeun nu tos ku abdi disayogikeun ?”

“mmmhhhh... aa hoyong disayogikeun asamara hehehe.., aa sono jungjunan, aa hoyong salira teu nganggo anggean, ke nyumput.., aa hoyong mendakan salira ku paningal ati sanes ku soca, siga pendakna cinta urang kapungkur, sanes ku paningal tapi ku geter ati anu wening asihna...”


“hehehe... si aa mah aya-aya wae, muhun mangga aa, kaleresan si ade da tos tibra..., muhun atuh aa ati-ati di jalan.., tos heula nya..., asalamualaikum aa...

“waalaikum salam jungjunan...”


Sora lagu opik ngagalindeng deui..., supir imut bari ngareret kana poto dina dashboard

Tiiiing...tooong... sora hape di jok kenca disada..., ditingali ku supir

‘aa sayaaang.., jalan ti panto pengker, panto payun dikonci, abdi tos nganggo anggean ipiiiiiisssss pisan teu nganggo daleman..., hayooo abdi bade nyumput pami tos kakuping sora mobil...’ tulisan dina bebeem..


Nutup panto garasi, ngeupeul hp jeung amplop bari ngajingjing bungkusan oge laptop ipis..., nunda cangkingan dina meja..., keketeyepan neangan... ka kamar.., ka kamar mandi.., dapur..., can kapanggih...,

“mmmmhhhh...., neng aa gaduh manah..., gaduh geter cinta sareng kanyaah nu teu weleh nganteng.., aa bakal mendakan salira..., jungjunan...” ngagerendeng bari ngadeukeutan sofa di ruang tv...,

“nah hayoooo....”

Nugeulis ngorejat bari ngagabrug...., ngagalentoran pinuh kanyaah..., silih galentoran, bari silih tangkeup

“aa bade mam.., ibak atanapiiiiiii..... ehm heulaaa....” nyiwit

“aa bade ibak heula..., teras emam.. teras ngobrol...”


“siaaaaapppp.... jendraaallll kuuuu....” lumpat ka kamar “ieu andukna..., ieu salinna aa, neng ngantosan di meja makan nyaaa...” bari ngesun damis carogena


Sora hahariringan ti kamar mandi..., istrina nyiapkeun meja makan...,


“neng..., eta es campur tea.., mung sanes ti anu langganan, tos tutup rupina..” gek diuk

“muhun nuhun a, duka asa panas ieu teh..., janten hoyong nu tiis.., padahal abdi tos kieu..” pokna bari nangtung nembongkeun awakna nu tembus pandang, geugeulisna... jeung ngalaskeun sangu


“hehehe..., wah kumaha atuh buka sadayana we...” nampanan alas, samemehna noel imbitna

“kahoyooongna aa mah... wew.. sok a, diemam tadi aya mang minta piwarangan apa eta gurame teh, ku neng dimasak kitu tah..., duka raos henteuna mah..., raos we nyaaaa... hehehe, paling aa nyebat raos bari meureudeuy kaasinan lah...” muka es campur


“hehe enaaak we ah, daripada ke salira mayunan aa sepertos tutut wew...”

“bilaaaang we emang enak weeeewww... meni alim, eh raos oge a es campurna..”


“raos da haratis neng..., oh... ari tadi laptop aa sareng nu sanesna dimana ?”

“di meja damel aa..”


“aya amplop neng tadi teh.., punten candak geura...”

“uhun...., “


“ieu a ? amplop naon ieu teh ?” ngasongkeun

“muhun tadi eta aya rejeki, sok ku neng anggo insyaallah halal, anggo nu leres nya supados berkah..”

Istrina muka amplop bari gek deui


“sabaraha neng ?”

“alhamdulillah ...., lumayan a.., neng tiasa terang ieu timana atanapi ti saha a ?”


“tadi aya nu mayar tilas saminggon kapengker advice tea, waktos neng ku aa piwarang muka file tina komputer bumi teras dikintunkeun ka aa tea, pan aa sontenna telat uih da presentasi heula, tah eta say ladangna, kade hilap zakatna nya..., oh iya tos lami teu ameng ka apa, aya dua minggo langkuna nya..., ari aranjeuna emut dugi mang minta ngintun gurame..., sisihkeun neng ngamplopan kanggo apa neng oge apa aa.., ke kanggo apa aa ku neng pasihkeunna..., keun ka apa mah ku aa.., ageungna mah kumaha neng we...”

“muhun a..., tangtos..., a wios ku neng dianggo meser kalung ? kamari teh asa aya nu bogoh modelna di toko jaya, ngan ret deui ret deui we.., waktos nganteur teteh ima meserkeun lelepen putrana...”

“wios neng..., mangga kumaha salira, malih atoh tadina mah da bade aa nu ngagaleuh eta kalung teh, da sidede kantos nyarios majar mamah uih nganteur ua ima, ngadongeng wae kalung..., saurna, tos cak aaahhh...”


“ih terang kitu mending ieu dilebetkeun tabungan aaahh..., eh aa..., ieu hoyong es campur ? rupina ku neng moal seep da...”

“sok dieu ku aa urang seepkeun..., lebar ngadamel mah lami hehehe...”


“eh aa hoyong keneh ketang..., tapi hoyong dihuapan”

“sok atuh ...” ngahuapan bari panangan kenca nampanan lebah angkeutna... “iiiiihhhh neng mah malah ngegeeelll...” istrina imut bari ngiceupan... “awas geura aahh dibales...” carogena males ngegel lambey istrina....

“iiihhhh aa mah curaaang...” ceuk istrina bari nyingsatkeun acuk lumpat ka kamar, carogena lumpat ngudag....

“aaaahhh aa...., neng nyaah sinareng cinta ka salira..., jungjunan...”


Sorana ilang kasilih..., ku asmara nu ngagalura nyimbeuhan dua manusa keur silih simbeuh kanyaah

Bentang baranang.., jeung bulan nu nyaksian endahna micinta jeung dicinta, kanyaah nyambuang mawa wawangi asih dibarengan hiliwir angin peuting, ngaruat do’a pangharepan maranehna diaminan jangkrik jeung sapangeusi alam dunya



Tidak ada komentar:

Posting Komentar