Girimis
kapeutingnakeun dianteur angin nyeor nebak daun, mawa hawa tiris
nyelesep ka tulang sandi. Pangeusi lembur dibabade pakandel kandel simut
pating purungkut, tapi henteu ka hiji indung nu keur mepende budakna,
teu daek sare si asep teh bakat hayang limus, kabita cenah basa beurang
di sakola babaturanna marekel limus.
"Geura bobo bageur..., asep enjing mekel limus sepertos nu sanes, sok geura bobo...,"
"Limus tipung nya mih..."
"Muhun,,,, amis geura, raos...!"
"Timana mih ?"
"Ti buruan, pan eta caket sep !"
"Saur pa guru teu kenging maok, da !"
"Sanes maok bageur, tapi mulung..., tuh pan kaleresan angin ageung..!"
"Oh kitu mih, mih..., mih..., naha emih teu gaduh tangkal limus ?"
Memeh nembalan indung si asep nyusut cai mata nu ngembeng dijuru panon,,,,
"Teu acan bageur, engke jaga asep,,, bujeng tangkal limus nu sanesna oge bakal gaduh, asep sakolana sing pinter nya bageur !" Dumareuda bari nyium tarang si asep, indungna nembalan
"Mih,,,, naha eta limus di buruan sanes nu emih, pan kebona caket teras pisan ?"
"Sanes bageur, eta nu batur, sok engal asep geura bobo, enjing bilih kasiangan"
"Enya mih...., eh mih,,,,mih,,,, pami limusna murag ayeuna, kakuping teu mih ?"
"Hhhhhmmmm, kakuping bageur "
"Mih ayeuna yu mulungna !"
"Tos wengi bageur,,,, jabi tiris"
"Mih tah aya nu ngagepluk, nyaan mih ku asep ka kuping, pulung yu mih" si asep curinghak bari cengkat dengdek-dengdek ngadedengekeun
"Hayu atuh bageur tapi asep ke bobo nya,,," indungna eleh deet nguniang hudang, ngais si asep muru ka handapeun limus
Angin di luar masih ngagelebug, damar nu dibawa kakalincesan nepi ka pesna pareum. Rarang rorong muru kebon hareupeun imah, teu kahalangan tiris jeung poekna peuting
"Aya mih limusna ?" Ceuk si asep bari luak lieuk tina aisan
"Ke sakedap bageur, teu katingali" indungna nembalan bari rumpu rampa
"Alhamdulillah aya asep ieu mendak hiji...!"
"Mih ..., itu aayaaa deuiiiii,,,!" Si asep ngagorowok, bari rek turun nyokot
"Wios ku emih sep ! " bari menerkeun aisan, ceuk indungna
"Assiiikkk kengiiing nya mih"
"Muhun atos ieu tos kenging tilu, urang uih nya bageur"
Bari mulang indungna ngaharewos "jaga asep sing gaduh nyalira bageur, sakola sing bener, pinter, cangker bari bener"
Si asep ngageubra digigiren ngagoler limus meunang mulung keur bekel isukan ka sakola

Tidak ada komentar:
Posting Komentar